upami urang niron ka basa Indonesia, global warming teh pan ditarjamahkeun
"pemanasan global". Kumaha upami dina basa Sunda oge Global Warming teh
ditarjamahkeun Pamanasan Global. soalna kecap panas pan aya oge dina Basa
Sunda. Ngan rarangken Pa- didieu memang asa kurang anteb.
Tong boro Global warming, Hospital sareng Restaurant alias Rumah sakit sareng
Rumah makan ge sesah milari Basa Sundana, maenya kedah ditarjamahkeun janten
"Imah Gering" sareng "Imah Dahar" he he he.
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ari hayang-hayang
teuing mah ditarjamahkeun, cobaan atuh: global warming = bayeungyang sajagat
On 11/25/07, Oman Abdurahman < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Global warming, urusan badag. Sacara singget: ngaronjatna suhu rata-
rata di ieu alam, alatan lakulampah manusa patali jeung sifat alam.
Keur gapura noong masalah global warming anu leuwih lega, naon deui
di internet mah lian ti Wikipedia. Mangga geura ilikan di dieu:
http://en.wikipedia.org/wiki/Global_warming
Basa Sundana? Tah ieu anu rada hese. Terus terang wae, basa Sunda
rada hese narjamahkeun kalimat anu ngandung kecap barang tina kecap
gawe (warm-->warming). Ditambah deui kecap sifat di
hareupna. "Sarerea jadi Panas"? asa kurang pas, alatan
kecap "sarerea" mah biasa nuduhkeun manusa (sakabehna),
sedengkeun "global warming" tumerap lain wae ka
manusa. "Satungkebing Alam jadi Panas" atawa "Satungkebing Alam
Kapanasan"? duka tah, mangga wae raoskeun pas henteuna mah.
Global warming, masalah badag atawa sadunya (global) anu meredih
tindakan global nepi ka lokal (think globally, act locally). Anu
dipedar dina ngaguar eta perkara biasana: sabab-sababna kajadian
global warming, akibat-akibatna, jeung naon tarekahna anu bisa
dilakukeun boh ku manusa sadunya sagemblengna atawa ku tiap bangsa
nepi ka tiap individu. Tina pangaweruh lokal (local wisdom) anu bisa
nyegah global warming, naha bisa aya gerakan "think locally, act
globally"? Duka teuing.
Diantara bangsa-bangsa wae tacan patotos pisan ngeunaan sabab-
sababna. Leuwih jelasna deui: aya nagara-nagara anu - sok sanajan
geus ngaku sabab musabab global warming - dina seuh-seuhanana mah
can ngaku jeung ngalakukeun kawajibanana. Kasus protokol Kyoto jadi
conto dina hal ieu kalawan Amerika tetep can purun nandatangan eta
kasaluyuan internasional pikeun nyegah satungkebing alam kapanasan
(hapunten sareng neda koreksina bisi si kuring katinggaleun
informasi dina lebah protokol Kyoto ieu).
Gas Rumah Kaca (GRK) mindeng dituduh salaku biang kasalahan anu
ngabalukarkeun muncunghulna Global Warming. GRK akibat industri anu
miceun eta gas ka awang-awang. Gas-gas ieu, kayaning karbondioksida
(CO2), metan (NH4). Eta gas-gas anu konsentrasina ngaronjat di awang-
awang + Ozon ngabalukarkeun ieu alam jadi panas. Sabab eta gas-gas
teh bleg jadi sarupa kekeb di atmosfer nepi ka panas panonpoe anu
dibalikeun deui ku taneuh henteu parat mubus ka awang-awang luar,
balikta kaporog jadi manaskeun ieu alam.
Sabab anu utama, lian ti gas-gas pamiceunan tina proses industri,
diantarana: deforestation alias leuweung anu jadi gundul atawa
ngabukbak leuweung nepi ka gundul. Tatangkalan anu ngabadeg di
leuweung di sakuliah dunya boga fungsi nganetarlkeun GRK. Kusabab
leuweungna beuki ngurangan alatan dibukbak tea, GRK jadi ngaronjat
ngabalukarkeun global warming. Kitu ceuk hiji teori. Teu nyalahan
teuing, da karasa ieuh, samangsa-samangsa tutuwuhan ngurangan di
hiji tempat, mangka pasti di eta patempatan bayeungyang wae karasana.
Global warming masih jadi masalah anu haneut dipadungdengkeun wae.
Sakapeung diskusina ngabuntut bangkong. Tapi, karasa alam mah beuki
panas. Kaayaan usum-usuman geus teu merenah deui. Anu tadina kuduna
mangsa hujan ngeucreuk, jadi panas nyongkab. Bulan anu kuduna panas,
jadi loba hujan. Parobahan alam mah tetep karasa
Sanajan sawareh jelema masih natanyakeun perkara bener henteuna
teori global warming, kaasup sabab musababna jeung naon anu
diperedih ka manusa atawa bangsa-bangsa tina eta teori sangkan
global warming kahulag, tindakan saperti ngahejokeun deui leuweung
ku pepelakan mah tetep gede manfaatna. Miara leuweung kaasup tina
talatah miara kabuyutan. Lian ti manfaat keur ngahegarkeun deui
hawa, tatangkalan boga pancen sakitu gedena dina ngajamin kasadiaan
cai, sumber kahirupan urang sarerea.
Hurip kabuyutan leuweung.
manAR
------- diteukteuk ku kuncen ---