Sae pisan teh roro ide teh. Tapi da masyarakat urang mah masih hese
pisan diajak benerna. Komo nu namina wawasan lingkungan mah teu
kajeu'eung jigana teh, margi ibarat poe ieu nuar tangkal geuning teu
karaos pagnaruh lingkunganna harita keneh. Kitu deui mun urang miceun
runtah di juru kebon, teu langsung mahabu bibit panyakit sapada harita.
Hese.
Beuki hese jalaran rereana urang masih keneh pakepuk marebutkeun nasib
eusi beuteung. Janten bujeng-bujeng ngemutan kana ngajagi lingkungan,
dalah diri sorangan masih kokoceakan kanggo nyumponan kabutuh sapopoe.
Janten, rupina mah akar masalahna kedah dirabut heula, nyaeta ngarampas
kamiskinan rahayat, gentosan ku ngaronjatkeun kasejahteraan. Saleresna
modal sumberdaya alam urang teh ngalimpah pisan (najan ayeuna tinggal
sesa kasarakahan masa lalu). Kantun ayeuna mah milari pamingpin (mulai
tingkat RT dugi ka tingkat nagara) nu tiasa nanjeurkeu bebenaran ngolah
nagara supados bebas tina KaKaEn.
Upami pamingpin urang cageur bener jeung pinter mah pasti rahayatna ge
bakal sejahtera. Tah ti dinya diharepkeun rahayat bisa diajak mikir
lingkungan nu ajeg.