Hapunteun abdi ngiring,  milu ngomong.
Ceuk urang kampung di lembur nudicicingan kukuring mah ajeuna Global Warming 
teh,
,,Sararea Jadi Panas"
Didinya kurang cai, didieu lobateuing; ajeuna kuring katirisan (ngahodhod) ai  
anjeun sadaya
kapanasan ciganamah bari murak buah gedong gincu.
Tinimbang neangan jalan kumaha mun tiris, mun kurang cai munloba teuing, mun 
kapanasan
eh didunya kalah silih tunjuk, maneh nu salah..henteu silaing nu nyabab 
keunnana.
Kalah silih hereng patarik tarik ngomong, pakuat kuat, tungtung na mah perang.
Anu bodas anu hiedeung pokona mah jelema,manusa, kuring sorangan oge  ngan 
bisana
klagen naon bahasa Sunda na teh poho deui.Padahal ku Gusti nu Maha Suci teh 
dibere dunya 
nu perfect teaya kakurangan, malah kalewihan. Tapi da manusa,  geus boga mobil
hiji kudu dua da siibu kudu make mobil eh poho si ujang jeung si nyai oge kudu 
hiji ewang.
Kurang duit, gampang pake heula duit kantor kumaha engke, te kapergok maok deui 
sing loba .
Ka Gusti Alloh Nu Maha Suci  mah gampil, nu kristen ngaku dosa jadi suci deui 
bisa maok deui.
Nu islam bawa, dulur ka Mekah, balik suci deui meni ngagenclang pa haji, kurang 
duit maok deui
da nu batur ieuh. Kuring ge ciganamah mun dibere kasempatan, maok oge, tapi da 
di pagawean teu
ngurus duit jeung pesawat 747 gede teuing mun dek disakuan. 
Tah eta ceuk manusa pinter di lembur kuring teh, sarerea jadi panas hayang boga 
lewih ti batur, padahal
mun dahar geus seubeuh mah kalah utah mun di dedet dedet, boga mobil sapuluh da 
dipake na ngan hiji 
boga tanah 20 hektar, mun poho napas mah ngan perlu sameter.
Tapi da kuring ge sarua we, bisana ngan ngomong, teuing naon  anu bisa  di 
jalankeun?  Ajeuna  mah dek
nyalimutan maneh we da tiris, dua darajat dilembur teh. Mangkana otakna jadi 
panas ngomong we ka 
kaler ka kidul teu  puguh tujuan, dasar akiaki ngurus tujung ceuk si nini na 
mah. 
Definitie Global Warming, kabeh manusa jadi panas sirahna matana katutupan 
dolar jeung euro,
kuring oge salah sa hiji.
Salam, punteun we jeuh kuring katirisan kudu balik numpak sapedah ...
JohnsiBodo






----- Original Message ----
From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, 24 November, 2007 6:43:27 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Global Warming.....









  


    
            



Baraya, dinten Sabtu kieu tipada ngalamun 
teu puguh, ningan ngorong... eh, ngengklokan ah...

 

Nyanggakeun,

ro2

 

Dua poe katukang, tas balik gawe, biasa we naek jemputan, beus 
kota Damri tea (punten baraya, ngadongeng teh sok diajak we sangsara ku abdi 
mah… naek beus. Saur lagu Ahmad Albar tea mah,”Beginilah, jadi orang yang tak 
punya… kemanapun naik bis kota..." ).  Nepi ka hareupeun gedong Bank 
Indonesia, geus narungguan barudak SMA. Biasa we ari barudak sakola mah sok 
recok. Aya nu ngabuciay we... ngawangkong jeung babaturanana, aya nu jejeritan 
we… aya nu cicirihilan, aya nu ngaheureuyan we kenek, aya nu samutut ngadaharan 
gorengan,..srrd.

 

Kusabab beus pinuh, maranehna nangtung tukangeun kuring, bari 
angger galecok. “Ieuh, urang mah kabagean tugas ti guru, titah nyieun makalah 
Global Warming tapi ku Basa Sunda, ni hese aing mah…!” 
“Nya, hese euy, 
ngarti mah ngarti naon nu disebut Global Warming teh, tapi ari kudu dikana basa 
Sundakeun kumaha atuh nya? Hese ngedalkeunana, guru teh aya-aya 
bae…mangkaningan 
kudu dikumpulkeun isukan…!”
Ngadenge kitu kuring ge ngahuleng, enya bener…ari 
Global Warming basa Sundana naon? Panas Sarerea?…heuheu… (cik, baraya saha nu 
terang? Manga, diantos pedaranana. Nuhun sateuacana…).

 

Sabenernamah kuring ge sok keueung, hariwang & raringrang. 
Ningali kaayaan hawa kiwari nu teu bisa dikira-kira, sakapeung panas mentrang 
ereng-erengan… teu lila hujan angin dor dar gelap matak pikahariwangeun. Komo 
di 
wewengkon Bandung mah loba pisan tangkal nu umurna geus ratusan taun, remen 
kadange aya nu maot katinggang tangkal badag. Tong boroning keur hujan 
ngagebret 
kitu, teu hujan teu angin ge ujug2 runtag we ninggang jelema nu lalar 
liwat.

 

Ari dina waktuna halodo, kurat karet kurang cai, teu sidikna 
make cai teh diemet-emet, ceuk nu bohong tea mah mandi ge sasiwur sewang. Tuda 
teu rek kurang cai kumaha? da taneuhna ge geus teuas, baroraah keur nyerep cai, 
pori-porina geus katutup aspal jeung beton, datang hujan kalahka banjir. 


 

Alhamdulillah ketang, kiwari loba jelema nu geus “insap” jeung 
sadar kana lingkungan.  Dititenan  teh Pemkot Bandung geus aya “uget” 
disisi jalan ayeunamah geus dipelakan tatangkalan lolobana  Mahoni. Di 
Leuwi Panjang nu tadina loba warung liar, geus diincahekun diganti ku pepelakan 
nu rada kerep. Hanjakalna teh loba keneh jalema nu dipelakan di hareupeun 
imahna 
teu malire. Padahal dibere, jaba dipangmelakeun, diantep tara diceboran 
nungguan 
hujan ti langit meureun... Tungtungnamah daunna gararing…leuheung mun aya nu 
hirup, lolobana paeh…mubadir.

 

Sakapeung kuring sok ngimpi, mun di unggal RT teh diayakeun 
kawajiban melak tangkal gede rek, bungbuahan rek kai… tong loba-loba hiji weh. 
Eta pepelakan teh mangrupa salah sahiji syarat keur nyieun KTP/KK, jadi daek 
teu 
daek warga kudu melak tatangkalan. Mun imahna heureut buruan, nya dipelakkeun 
di 
sisi jalan, tegalan kosong, leuweung atawa pasir gundul. Mun ieu ngimpi jadi 
nyaan & kaumuran, kacipta Indonesia teh bisa hejo ngemplo, sirah cai arayaan 
deui…cur cor dimana mendi…

 

Kungsi maca dina koran, aya hiji SMP di Bandung (he love deui 
namina… pokonamah SMP Karesten) nu ngawajibkeun murid-muridna melak hiji 
tangkal, ti mimiti leutik nepi ka gede tur kudu bener-bener diinguna. Unggal 
tilu bulan sakali kaayaan pepelakan dilaporkeun ka guruna keur dipeunteun 
diasupkeun ka salah sahiji mata pelajaran di sakola. Mun kabeh sakola?... 
Global 
Warming-na ge ngarengkog deui…

 

ro2 

 


 

 

>>> [EMAIL PROTECTED] com 11/24/07 12:30AM 
>>>

 

Kiwari, rea pisan jalma anu ngaributkeun  "Global Warming". 
Ieu 
Global Warming teh memang sanes masalah nu hampang. ti mimiti soal penipisan 
ozon, efek rumah kaca, perubahan iklim, proses pencairan es di kutub jeung rea 
rea deui , matak pihariwangeun wungkul. Saurna, bencana alam sapertos banjir 
sareng badai teh beuki rongkah lantaran ayana Global Warming.
Sok keueung mun 
ngadangu berita nu ngawanti - wanti  bencana naekna permukaan air laut 
lantaran global warming,,,meureun mun sadaya es di kutub   mencair, 
dunya teh bakal kakeueum.
Janten ras kana katerangan ti Alloh nu Maha Kawasa 
yen sagala karusakan di bumi ieu teh balukarna ti lampah manusa 
sorangan.
memang, manusa ge teu cicing dina nyanghareupan ieu Global warming 
teh. Seueur program nu dirancang nyaeta membuat bahan bakar ramah lingkungan, 
penghijauan, dan sebageynya :). 
Tapi, berhasil henteu na mah duka teuing da 
geuning nu penghijauan- penghijauan, nu ngaluark eun emisi gas CO2 mah tetep 
mahabu.




    
  

    
    




<!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#0000ff;text-decoration:none;}
-->



<!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
-->



<!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
-->








      ___________________________________________________________
Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the answer. Try it
now.
http://uk.answers.yahoo.com/ 

Kirim email ke