ari hayang-hayang teuing mah ditarjamahkeun, cobaan atuh: global warming = bayeungyang sajagat
On 11/25/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Global warming, urusan badag. Sacara singget: ngaronjatna suhu rata- > rata di ieu alam, alatan lakulampah manusa patali jeung sifat alam. > Keur gapura noong masalah global warming anu leuwih lega, naon deui > di internet mah lian ti Wikipedia. Mangga geura ilikan di dieu: > http://en.wikipedia.org/wiki/Global_warming > > Basa Sundana? Tah ieu anu rada hese. Terus terang wae, basa Sunda > rada hese narjamahkeun kalimat anu ngandung kecap barang tina kecap > gawe (warm-->warming). Ditambah deui kecap sifat di > hareupna. "Sarerea jadi Panas"? asa kurang pas, alatan > kecap "sarerea" mah biasa nuduhkeun manusa (sakabehna), > sedengkeun "global warming" tumerap lain wae ka > manusa. "Satungkebing Alam jadi Panas" atawa "Satungkebing Alam > Kapanasan"? duka tah, mangga wae raoskeun pas henteuna mah. > > Global warming, masalah badag atawa sadunya (global) anu meredih > tindakan global nepi ka lokal (think globally, act locally). Anu > dipedar dina ngaguar eta perkara biasana: sabab-sababna kajadian > global warming, akibat-akibatna, jeung naon tarekahna anu bisa > dilakukeun boh ku manusa sadunya sagemblengna atawa ku tiap bangsa > nepi ka tiap individu. Tina pangaweruh lokal (local wisdom) anu bisa > nyegah global warming, naha bisa aya gerakan "think locally, act > globally"? Duka teuing. > > Diantara bangsa-bangsa wae tacan patotos pisan ngeunaan sabab- > sababna. Leuwih jelasna deui: aya nagara-nagara anu - sok sanajan > geus ngaku sabab musabab global warming - dina seuh-seuhanana mah > can ngaku jeung ngalakukeun kawajibanana. Kasus protokol Kyoto jadi > conto dina hal ieu kalawan Amerika tetep can purun nandatangan eta > kasaluyuan internasional pikeun nyegah satungkebing alam kapanasan > (hapunten sareng neda koreksina bisi si kuring katinggaleun > informasi dina lebah protokol Kyoto ieu). > > Gas Rumah Kaca (GRK) mindeng dituduh salaku biang kasalahan anu > ngabalukarkeun muncunghulna Global Warming. GRK akibat industri anu > miceun eta gas ka awang-awang. Gas-gas ieu, kayaning karbondioksida > (CO2), metan (NH4). Eta gas-gas anu konsentrasina ngaronjat di awang- > awang + Ozon ngabalukarkeun ieu alam jadi panas. Sabab eta gas-gas > teh bleg jadi sarupa kekeb di atmosfer nepi ka panas panonpoe anu > dibalikeun deui ku taneuh henteu parat mubus ka awang-awang luar, > balikta kaporog jadi manaskeun ieu alam. > > Sabab anu utama, lian ti gas-gas pamiceunan tina proses industri, > diantarana: deforestation alias leuweung anu jadi gundul atawa > ngabukbak leuweung nepi ka gundul. Tatangkalan anu ngabadeg di > leuweung di sakuliah dunya boga fungsi nganetarlkeun GRK. Kusabab > leuweungna beuki ngurangan alatan dibukbak tea, GRK jadi ngaronjat > ngabalukarkeun global warming. Kitu ceuk hiji teori. Teu nyalahan > teuing, da karasa ieuh, samangsa-samangsa tutuwuhan ngurangan di > hiji tempat, mangka pasti di eta patempatan bayeungyang wae karasana. > > Global warming masih jadi masalah anu haneut dipadungdengkeun wae. > Sakapeung diskusina ngabuntut bangkong. Tapi, karasa alam mah beuki > panas. Kaayaan usum-usuman geus teu merenah deui. Anu tadina kuduna > mangsa hujan ngeucreuk, jadi panas nyongkab. Bulan anu kuduna panas, > jadi loba hujan. Parobahan alam mah tetep karasa > > Sanajan sawareh jelema masih natanyakeun perkara bener henteuna > teori global warming, kaasup sabab musababna jeung naon anu > diperedih ka manusa atawa bangsa-bangsa tina eta teori sangkan > global warming kahulag, tindakan saperti ngahejokeun deui leuweung > ku pepelakan mah tetep gede manfaatna. Miara leuweung kaasup tina > talatah miara kabuyutan. Lian ti manfaat keur ngahegarkeun deui > hawa, tatangkalan boga pancen sakitu gedena dina ngajamin kasadiaan > cai, sumber kahirupan urang sarerea. > > Hurip kabuyutan leuweung. > > manAR > > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, John van > der Ploeg > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Hapunteun abdi ngiring, milu ngomong. > > Ceuk urang kampung di lembur nudicicingan kukuring mah ajeuna > Global Warming teh, > > ,,Sararea Jadi Panas" > > Didinya kurang cai, didieu lobateuing; ajeuna kuring katirisan > (ngahodhod) ai anjeun sadaya > > kapanasan ciganamah bari murak buah gedong gincu. > > Tinimbang neangan jalan kumaha mun tiris, mun kurang cai munloba > teuing, mun kapanasan > > eh didunya kalah silih tunjuk, maneh nu salah..henteu silaing nu > nyabab keunnana. > > Kalah silih hereng patarik tarik ngomong, pakuat kuat, tungtung na > mah perang. > > Anu bodas anu hiedeung pokona mah jelema,manusa, kuring sorangan > oge ngan bisana > > klagen naon bahasa Sunda na teh poho deui.Padahal ku Gusti nu Maha > Suci teh dibere dunya > > nu perfect teaya kakurangan, malah kalewihan. Tapi da manusa, > geus boga mobil > > hiji kudu dua da siibu kudu make mobil eh poho si ujang jeung si > nyai oge kudu hiji ewang. > > Kurang duit, gampang pake heula duit kantor kumaha engke, te > kapergok maok deui sing loba . > > Ka Gusti Alloh Nu Maha Suci mah gampil, nu kristen ngaku dosa > jadi suci deui bisa maok deui. > > Nu islam bawa, dulur ka Mekah, balik suci deui meni ngagenclang pa > haji, kurang duit maok deui > > da nu batur ieuh. Kuring ge ciganamah mun dibere kasempatan, maok > oge, tapi da di pagawean teu > > ngurus duit jeung pesawat 747 gede teuing mun dek disakuan. > > Tah eta ceuk manusa pinter di lembur kuring teh, sarerea jadi > panas hayang boga lewih ti batur, padahal > > mun dahar geus seubeuh mah kalah utah mun di dedet dedet, boga > mobil sapuluh da dipake na ngan hiji > > boga tanah 20 hektar, mun poho napas mah ngan perlu sameter. > > Tapi da kuring ge sarua we, bisana ngan ngomong, teuing naon anu > bisa di jalankeun? Ajeuna mah dek > > nyalimutan maneh we da tiris, dua darajat dilembur teh. Mangkana > otakna jadi panas ngomong we ka > > kaler ka kidul teu puguh tujuan, dasar akiaki ngurus tujung ceuk > si nini na mah. > > Definitie Global Warming, kabeh manusa jadi panas sirahna matana > katutupan dolar jeung euro, > > kuring oge salah sa hiji. > > Salam, punteun we jeuh kuring katirisan kudu balik numpak > sapedah ... > > JohnsiBodo > > > > > > > > > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> > > To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > > Sent: Saturday, 24 November, 2007 6:43:27 AM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Global Warming..... > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > Baraya, dinten Sabtu kieu tipada ngalamun > > teu puguh, ningan ngorong... eh, ngengklokan ah... > > > > > > > > Nyanggakeun, > > > > ro2 > > > > > > > > Dua poe katukang, tas balik gawe, biasa we naek jemputan, beus > > kota Damri tea (punten baraya, ngadongeng teh sok diajak we > sangsara ku abdi > > mah… naek beus. Saur lagu Ahmad Albar tea mah,"Beginilah, jadi > orang yang tak > > punya… kemanapun naik bis kota..." ). Nepi ka hareupeun gedong > Bank > > Indonesia, geus narungguan barudak SMA. Biasa we ari barudak > sakola mah sok > > recok. Aya nu ngabuciay we... ngawangkong jeung babaturanana, aya > nu jejeritan > > we… aya nu cicirihilan, aya nu ngaheureuyan we kenek, aya nu > samutut ngadaharan > > gorengan,..srrd. > > > > > > > > Kusabab beus pinuh, maranehna nangtung tukangeun kuring, bari > > angger galecok. "Ieuh, urang mah kabagean tugas ti guru, titah > nyieun makalah > > Global Warming tapi ku Basa Sunda, ni hese aing mah…!" > > "Nya, hese euy, > > ngarti mah ngarti naon nu disebut Global Warming teh, tapi ari > kudu dikana basa > > Sundakeun kumaha atuh nya? Hese ngedalkeunana, guru teh aya-aya > bae…mangkaningan > > kudu dikumpulkeun isukan…!" > > Ngadenge kitu kuring ge ngahuleng, enya bener…ari > > Global Warming basa Sundana naon? Panas Sarerea?…heuheu… (cik, > baraya saha nu > > terang? Manga, diantos pedaranana. Nuhun sateuacana…). > > > > > > > > Sabenernamah kuring ge sok keueung, hariwang & raringrang. > > Ningali kaayaan hawa kiwari nu teu bisa dikira-kira, sakapeung > panas mentrang > > ereng-erengan… teu lila hujan angin dor dar gelap matak > pikahariwangeun. Komo di > > wewengkon Bandung mah loba pisan tangkal nu umurna geus ratusan > taun, remen > > kadange aya nu maot katinggang tangkal badag. Tong boroning keur > hujan ngagebret > > kitu, teu hujan teu angin ge ujug2 runtag we ninggang jelema nu > lalar > > liwat. > > > > > > > > Ari dina waktuna halodo, kurat karet kurang cai, teu sidikna > > make cai teh diemet-emet, ceuk nu bohong tea mah mandi ge sasiwur > sewang. Tuda > > teu rek kurang cai kumaha? da taneuhna ge geus teuas, baroraah > keur nyerep cai, > > pori-porina geus katutup aspal jeung beton, datang hujan kalahka > banjir. > > > > > > > > > > Alhamdulillah ketang, kiwari loba jelema nu geus "insap" jeung > > sadar kana lingkungan. Dititenan teh Pemkot Bandung geus aya > "uget" > > disisi jalan ayeunamah geus dipelakan tatangkalan lolobana > Mahoni. Di > > Leuwi Panjang nu tadina loba warung liar, geus diincahekun diganti > ku pepelakan > > nu rada kerep. Hanjakalna teh loba keneh jalema nu dipelakan di > hareupeun imahna > > teu malire. Padahal dibere, jaba dipangmelakeun, diantep tara > diceboran nungguan > > hujan ti langit meureun... Tungtungnamah daunna > gararing…leuheung mun aya nu > > hirup, lolobana paeh…mubadir. > > > > > > > > Sakapeung kuring sok ngimpi, mun di unggal RT teh diayakeun > > kawajiban melak tangkal gede rek, bungbuahan rek kai… tong loba- > loba hiji weh. > > Eta pepelakan teh mangrupa salah sahiji syarat keur nyieun KTP/KK, > jadi daek teu > > daek warga kudu melak tatangkalan. Mun imahna heureut buruan, nya > dipelakkeun di > > sisi jalan, tegalan kosong, leuweung atawa pasir gundul. Mun ieu > ngimpi jadi > > nyaan & kaumuran, kacipta Indonesia teh bisa hejo ngemplo, sirah > cai arayaan > > deui…cur cor dimana mendi… > > > > > > > > Kungsi maca dina koran, aya hiji SMP di Bandung (he love deui > > namina… pokonamah SMP Karesten) nu ngawajibkeun murid-muridna > melak hiji > > tangkal, ti mimiti leutik nepi ka gede tur kudu bener-bener > diinguna. Unggal > > tilu bulan sakali kaayaan pepelakan dilaporkeun ka guruna keur > dipeunteun > > diasupkeun ka salah sahiji mata pelajaran di sakola. Mun kabeh > sakola?... Global > > Warming-na ge ngarengkog deui… > > > > > > > > ro2 > > > > > > > > > > > > > > > > > > >>> [EMAIL PROTECTED] com 11/24/07 12:30AM > > >>> > > > > > > > > Kiwari, rea pisan jalma anu ngaributkeun "Global Warming". > > Ieu > > Global Warming teh memang sanes masalah nu hampang. ti mimiti soal > penipisan > > ozon, efek rumah kaca, perubahan iklim, proses pencairan es di > kutub jeung rea > > rea deui , matak pihariwangeun wungkul. Saurna, bencana alam > sapertos banjir > > sareng badai teh beuki rongkah lantaran ayana Global Warming. > > Sok keueung mun > > ngadangu berita nu ngawanti - wanti bencana naekna permukaan air > laut > > lantaran global warming,,,meureun mun sadaya es di kutub > mencair, > > dunya teh bakal kakeueum. > > Janten ras kana katerangan ti Alloh nu Maha Kawasa > > yen sagala karusakan di bumi ieu teh balukarna ti lampah manusa > > sorangan. > > memang, manusa ge teu cicing dina nyanghareupan ieu Global warming > > teh. Seueur program nu dirancang nyaeta membuat bahan bakar ramah > lingkungan, > > penghijauan, dan sebageynya :). > > Tapi, berhasil henteu na mah duka teuing da > > geuning nu penghijauan- penghijauan, nu ngaluark eun emisi gas CO2 > mah tetep > > mahabu. > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > <!-- > > > > #ygrp-mkp{ > > border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px > 0px;padding:0px 14px;} > > #ygrp-mkp hr{ > > border:1px solid #d8d8d8;} > > #ygrp-mkp #hd{ > > color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line- > height:122%;margin:10px 0px;} > > #ygrp-mkp #ads{ > > margin-bottom:10px;} > > #ygrp-mkp .ad{ > > padding:0 0;} > > #ygrp-mkp .ad a{ > > color:#0000ff;text-decoration:none;} > > --> > > > > > > > > <!-- > > > > #ygrp-sponsor #ygrp-lc{ > > font-family:Arial;} > > #ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{ > > margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;} > > #ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{ > > margin-bottom:10px;padding:0 0;} > > --> > > > > > > > > <!-- > > > > #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, > sans-serif;} > > #ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;} > > #ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, > clean, sans-serif;} > > #ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;} > > #ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;} > > #ygrp-text{ > > font-family:Georgia; > > } > > #ygrp-text p{ > > margin:0 0 1em 0;} > > #ygrp-tpmsgs{ > > font-family:Arial; > > clear:both;} > > #ygrp-vitnav{ > > padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;} > > #ygrp-vitnav a{ > > padding:0 1px;} > > #ygrp-actbar{ > > clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text- > align:right;} > > #ygrp-actbar .left{ > > float:left;white-space:nowrap;} > > .bld{font-weight:bold;} > > #ygrp-grft{ > > font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;} > > #ygrp-ft{ > > font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666; > > padding:5px 0; > > } > > #ygrp-mlmsg #logo{ > > padding-bottom:10px;} > > > > #ygrp-vital{ > > background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;} > > #ygrp-vital #vithd{ > > font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text- > transform:uppercase;} > > #ygrp-vital ul{ > > padding:0;margin:2px 0;} > > #ygrp-vital ul li{ > > list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee; > > } > > #ygrp-vital ul li .ct{ > > font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text- > align:right;padding-right:.5em;} > > #ygrp-vital ul li .cat{ > > font-weight:bold;} > > #ygrp-vital a{ > > text-decoration:none;} > > > > #ygrp-vital a:hover{ > > text-decoration:underline;} > > > > #ygrp-sponsor #hd{ > > color:#999;font-size:77%;} > > #ygrp-sponsor #ov{ > > padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;} > > #ygrp-sponsor #ov ul{ > > padding:0 0 0 8px;margin:0;} > > #ygrp-sponsor #ov li{ > > list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;} > > #ygrp-sponsor #ov li a{ > > text-decoration:none;font-size:130%;} > > #ygrp-sponsor #nc{ > > background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;} > > #ygrp-sponsor .ad{ > > padding:8px 0;} > > #ygrp-sponsor .ad #hd1{ > > font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font- > size:100%;line-height:122%;} > > #ygrp-sponsor .ad a{ > > text-decoration:none;} > > #ygrp-sponsor .ad a:hover{ > > text-decoration:underline;} > > #ygrp-sponsor .ad p{ > > margin:0;} > > o{font-size:0;} > > .MsoNormal{ > > margin:0 0 0 0;} > > #ygrp-text tt{ > > font-size:120%;} > > blockquote{margin:0 0 0 4px;} > > .replbq{margin:4;} > > --> > > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________________ > > Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the > answer. Try it > > now. > > http://uk.answers.yahoo.com/ > > > > >

