Mang Oman, nuhun pedaranana*katampi pisan.

Kang Dide, salam kenal. 
Eta mah mung impenan abdi. Nya, kitu tea atuh * hese ngatur jalmi nu sakitu 
seueurna, matak dikawitan ti RT heula meh kageroh. Komo pabaliut keneh ku lebet 
patuangan mah. Tapi, teu kituna*naon hesena melak tangkal? Da nagara urang mah 
subur pisan atuh. Teu lepat-lepat teuing saur Koes Plus ge, "Tongkat & kayu 
jadi tanaman*"

Haturan Uwa John (wios nya nga-uwakeun*) salam kenal. 
Heheh* seratan uwa teh leres pisan & bodor oge ningan. Muhun da, dititenan teh 
jalmi silih lepatkeun pedah Global Warming tea* moal aya tungtungna.  Jigana nu 
garaduh "tutumpakan" sabangsaning nu ngaranggo bensin teh, bahan bakarna tos 
kedah digentos ku cai. 
Syukur2 jiga uwa masih keneh kersa ngaboseh sepedah*nya sehat, nya teu 
ngabalukarkeun haseup. 
Harrrr* kalem, Wa* salira tiasa panas, tapi uteuk angger kedah nyecep*atanapi, 
Uwa teh seueur teuing emam kolecer, da wartosna di Walanda mah seueur* heheh.

Sok ah, teraskeun deui baraya*teu acan sarapuk Sunda-na Global Warming* 
ro2

--- didesunda <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sae pisan teh roro ide teh. Tapi da masyarakat urang
> mah masih hese 
> pisan diajak benerna. Komo nu namina wawasan
> lingkungan mah teu 
> kajeu'eung jigana teh, margi ibarat poe ieu nuar
> tangkal geuning teu 
> karaos pagnaruh lingkunganna harita keneh. Kitu deui
> mun urang miceun 
> runtah di juru kebon, teu langsung mahabu bibit
> panyakit sapada harita. 
> Hese. 

Global warming, urusan badag. Sacara singget: ngaronjatna suhu rata-
rata di ieu alam, alatan lakulampah manusa patali jeung sifat alam. 
Keur gapura noong masalah global warming anu leuwih lega, naon deui 
di internet mah lian ti Wikipedia. Mangga geura ilikan di dieu: 
http://en.wikipedia.org/wiki/Global_warming

Basa Sundana? Tah ieu anu rada hese. Terus terang wae, basa Sunda 
rada hese narjamahkeun kalimat anu ngandung kecap barang tina kecap 
gawe (warm-->warming). Ditambah deui kecap sifat di 
hareupna. "Sarerea jadi Panas"? asa kurang pas, alatan 
kecap "sarerea" mah biasa nuduhkeun manusa (sakabehna), 
sedengkeun "global warming" tumerap lain wae ka 
manusa. "Satungkebing Alam jadi Panas" atawa "Satungkebing Alam 
Kapanasan"? duka tah, mangga wae raoskeun pas henteuna mah.


--- In [email protected], John van der Ploeg 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ajeuna mah dek
> nyalimutan maneh we da tiris, dua darajat dilembur teh. Mangkana 
otakna jadi panas ngomong we ka 
> kaler ka kidul teu puguh tujuan, dasar akiaki ngurus tujung ceuk 
si nini na mah. 
> Definitie Global Warming, kabeh manusa jadi panas sirahna matana 
katutupan dolar jeung euro,
> kuring oge salah sa hiji.
> Salam, punteun we jeuh kuring katirisan kudu balik numpak 
sapedah ...
> JohnsiBodo

Kirim email ke