Ngiring ngarewong .......
Leres Uwa ....... sami wae ...... malihan mah di dieu (Bali - da luar nagari 
keneh .... pami ti nagari pasundan mah) rata-rata kedah nganggo biaya anu 
ageung kumargi dina rentetan upacarana oge tiasa dugi ka  tujuh dinten tujuh 
wengi. Paling banter teh, anu tiasa kaetang singket pisan biasana nyeepkeun 
waktos 3 dinten 3 wengi upacarana teh. Nya tos pasti tina perkawis ongkosna teh 
jor-joran pisan. Ieu tradisi teh dugi kaayeuna masih di mumule.
Eta teh anu bade laki rabi ..... komo deui upami dugi ka dugna anu pupus ..... 
nya ngaben ("pelebon") tea.

haturan,
gl
--------
  
 
Dari: waluya56 
Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 11:12:38


...........................................................
sabenerna "PEMBOROSAN" . Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake 
meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak 
dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi 
sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu. 

Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah 
kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu 
pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring 
sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu 
dipestakeun. 

Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor-
joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa, 
lain kalangan elite (kaum selebriti) ....

Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin 
bangsa batur?

Baktos,
WALUYA.
 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke