sae aki...
----- Original Message ---- From: Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, December 5, 2007 5:03:24 PM Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Ngawinkeun ... Pasualan ngawinkeun/ngadahup keun, anu penting mah nyekapan syarat sareng rukun wae, ari tradisi hajat muhun tradisi, sanes kawajiban komo lamun jojoran mah, ulah dianggap janten teu syah eta pernikahan teh upami teu ngiringan ilahar. Aki tams waktos ngadahup ka si ninina, harita keur kuliah keneh tingkat sarjana muda, nyakitu tea teu isin mung ngadamel sangu koneng ceuk babasaan mah, ngulem tatanggi sareng rerencangan kuliah. Ari ngiring tradisi mah jaman harita kedah jutaan waragadna. Waragad anu disayogikeun teh ku aki tams malih aya sesana dipeserkeun motor tilas Suzuki tahun 1973 pangaosna 150 rebu an. Janten sanes ngetang sametan sabada nikah teh, sabab tos kairong, upami ngiring ilahar mah pasti jigah kitu, kabahagiaan teh tiasa sirna, anu aya ngaraos diudag udag sametan. Saena wae nupuguh mah, sepuh teu riweuh, atuh urang oge jongjon neraskeun kuliah bari rumah tangga. Atuh waktos ngadahupkeun pun anak anu cikal oge, enggal keneh tahun 2001, nyakitu bae, teu hajat jigah ilaharna, di saung sorangan, anu diulem tatanggi sareng wargi-wargi, oge rerencangan minantu sareng pun anak. Parasmanan biasa, sagebrakan mung 2-3 jam ti kawit akad nikah dugi rengse teh. Alhamdulillah salamet, waragad anu aya teh tiasa nambihan tabungan kangge meser bumina. Mung dua tahun minantu di "mertua indah", salami waktos eta teras tiasa nambihan tabungan maranehna. Kiwari tos misah di Antapani, tina berekahna teu ngiringan tradisi hajat jorjoran teh. Kanggo nonoman anu bade ngadarahup, ulah ringrang jalaran teu kagungan waragad nikah anu ageung, sing tawekal bae, ulah dikawitan hirup rumah tangga ku sambetan anu teu rasional. Bismillah wae muga muga ku ngadahup teh sing berekah salamet tur raharja. firman raharja <raharja1973@ yahoo.com> wrote: Ngiring mairan oge Ceuk pangalaman babaturan kuring anu asalna ti nagri tatangga [=jawa :)] anu urang jelebudna ieu ge. Soal tradisi hajat kawin teh teu kitu-kitu teuing, enya eta ge loba nu hajat tapi teu kudu-kudu teuing. Waktu manehna kawin, ngan wungkul ceuk bohong na mah modal kolor wungkul. Pas datang ka awewena ge nya ditarima, diijabkeun terus "hajat" basajan wae. Ngondang tatangga, balakecrakan terus konci kamar. Euweuh sugan di angkleung-angkleung cenah. Tapi di lembur mah asa euweuh sugan anu wani kitu. Pajarkeun teh "Da lain dikawinkeun hansip cenah". Padahal lamun ditanya "meunang teu mun teu hajat?". Meunang pisan cenah. Sigana soal tradisi tinggal kawani sigana mah. Peun. Firman Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote: Ngiring ngarewong ....... Leres Uwa ........ sami wae ...... malihan mah di dieu (Bali - da luar nagari keneh ..... pami ti nagari pasundan mah) rata-rata kedah nganggo biaya anu ageung kumargi dina rentetan upacarana oge tiasa dugi ka tujuh dinten tujuh wengi. Paling banter teh, anu tiasa kaetang singket pisan biasana nyeepkeun waktos 3 dinten 3 wengi upacarana teh. Nya tos pasti tina perkawis ongkosna teh jor-joran pisan. Ieu tradisi teh dugi kaayeuna masih di mumule. Eta teh anu bade laki rabi ..... komo deui upami dugi ka dugna anu pupus ..... nya ngaben ("pelebon") tea. haturan, gl -------- Dari: waluya56 Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 11:12:38 ............ ......... ......... ......... ......... ......... .. sabenerna "PEMBOROSAN" . Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu. Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu dipestakeun. Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor- joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa, lain kalangan elite (kaum selebriti) .... Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin bangsa batur? Baktos, WALUYA . Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

