Pasualan ngawinkeun/ngadahupkeun, anu penting mah nyekapan syarat sareng rukun
wae, ari tradisi hajat muhun tradisi, sanes kawajiban komo lamun jojoran mah,
ulah dianggap janten teu syah eta pernikahan teh upami teu ngiringan ilahar.
Aki tams waktos ngadahup ka si ninina, harita keur kuliah keneh tingkat
sarjana muda, nyakitu tea teu isin mung ngadamel sangu koneng ceuk babasaan
mah, ngulem tatanggi sareng rerencangan kuliah. Ari ngiring tradisi mah jaman
harita kedah jutaan waragadna. Waragad anu disayogikeun teh ku aki tams malih
aya sesana dipeserkeun motor tilas Suzuki tahun 1973 pangaosna 150 rebu an.
Janten sanes ngetang sametan sabada nikah teh, sabab tos kairong, upami ngiring
ilahar mah pasti jigah kitu, kabahagiaan teh tiasa sirna, anu aya ngaraos
diudag udag sametan. Saena wae nupuguh mah, sepuh teu riweuh, atuh urang oge
jongjon neraskeun kuliah bari rumah tangga.
Atuh waktos ngadahupkeun pun anak anu cikal oge, enggal keneh tahun 2001,
nyakitu bae, teu hajat jigah ilaharna, di saung sorangan, anu diulem tatanggi
sareng wargi-wargi, oge rerencangan minantu sareng pun anak. Parasmanan biasa,
sagebrakan mung 2-3 jam ti kawit akad nikah dugi rengse teh. Alhamdulillah
salamet, waragad anu aya teh tiasa nambihan tabungan kangge meser bumina. Mung
dua tahun minantu di "mertua indah", salami waktos eta teras tiasa nambihan
tabungan maranehna. Kiwari tos misah di Antapani, tina berekahna teu ngiringan
tradisi hajat jorjoran teh.
Kanggo nonoman anu bade ngadarahup, ulah ringrang jalaran teu kagungan
waragad nikah anu ageung, sing tawekal bae, ulah dikawitan hirup rumah tangga
ku sambetan anu teu rasional. Bismillah wae muga muga ku ngadahup teh sing
berekah salamet tur raharja.
firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring mairan oge
Ceuk pangalaman babaturan kuring anu asalna ti nagri tatangga [=jawa :)] anu
urang jelebudna ieu ge.
Soal tradisi hajat kawin teh teu kitu-kitu teuing, enya eta ge loba nu hajat
tapi teu kudu-kudu teuing.
Waktu manehna kawin, ngan wungkul ceuk bohong na mah modal kolor wungkul. Pas
datang ka awewena ge nya ditarima, diijabkeun terus "hajat" basajan wae.
Ngondang tatangga, balakecrakan terus konci kamar. Euweuh sugan di
angkleung-angkleung cenah.
Tapi di lembur mah asa euweuh sugan anu wani kitu. Pajarkeun teh "Da lain
dikawinkeun hansip cenah". Padahal lamun ditanya "meunang teu mun teu hajat?".
Meunang pisan cenah.
Sigana soal tradisi tinggal kawani sigana mah.
Peun.
Firman
Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring ngarewong .......
Leres Uwa ........ sami wae ...... malihan mah di dieu (Bali - da luar nagari
keneh ..... pami ti nagari pasundan mah) rata-rata kedah nganggo biaya anu
ageung kumargi dina rentetan upacarana oge tiasa dugi ka tujuh dinten tujuh
wengi. Paling banter teh, anu tiasa kaetang singket pisan biasana nyeepkeun
waktos 3 dinten 3 wengi upacarana teh. Nya tos pasti tina perkawis ongkosna teh
jor-joran pisan. Ieu tradisi teh dugi kaayeuna masih di mumule.
Eta teh anu bade laki rabi ..... komo deui upami dugi ka dugna anu pupus
..... nya ngaben ("pelebon") tea.
haturan,
gl
--------
Dari: waluya56
Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 11:12:38
...........................................................
sabenerna "PEMBOROSAN" . Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake
meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak
dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi
sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu.
Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah
kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu
pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring
sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu
dipestakeun.
Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor-
joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa,
lain kalangan elite (kaum selebriti) ....
Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin
bangsa batur?
Baktos,
WALUYA
.
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.