Asa ras kadiri sorangan nu mikalampah kitu teh, teu raramean jiga batur jeung 
dulur2....asanateh hal kieu bisa dilaksanakeun sajeroning kadua pihak, boh 
calon panganten atawa kulawrgana nyaluyuan mah teu kitu kieu geuning.....
Sent from my BlackBerry® wireless device

-----Original Message-----
From: Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>

Date: Wed, 5 Dec 2007 01:03:24 
To:[email protected]
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Ngawinkeun ...


Pasualan ngawinkeun/ngadahupkeun, anu penting mah nyekapan syarat sareng rukun 
wae, ari tradisi hajat muhun tradisi, sanes kawajiban komo lamun jojoran mah, 
ulah dianggap janten teu syah eta pernikahan teh upami teu ngiringan ilahar.  
  
Aki tams waktos ngadahup ka si ninina, harita keur kuliah keneh tingkat sarjana 
muda, nyakitu tea teu isin mung ngadamel sangu koneng ceuk babasaan mah, ngulem 
tatanggi sareng rerencangan kuliah. Ari ngiring tradisi mah jaman harita kedah 
jutaan waragadna. Waragad anu disayogikeun teh ku aki tams malih aya 
sesana dipeserkeun motor tilas Suzuki tahun 1973 pangaosna 150 rebu an. Janten 
sanes ngetang sametan sabada nikah teh, sabab tos kairong, upami ngiring ilahar 
mah pasti jigah kitu, kabahagiaan teh tiasa sirna, anu aya ngaraos diudag udag 
sametan. Saena wae nupuguh mah, sepuh teu riweuh, atuh urang oge jongjon 
neraskeun kuliah bari rumah tangga.    
  
Atuh waktos ngadahupkeun pun anak anu cikal oge, enggal keneh tahun 2001, 
nyakitu bae, teu hajat jigah ilaharna, di saung sorangan, anu diulem tatanggi 
sareng wargi-wargi, oge rerencangan minantu sareng pun anak. Parasmanan biasa, 
sagebrakan mung 2-3 jam ti kawit akad nikah dugi rengse teh. Alhamdulillah 
salamet, waragad anu aya teh tiasa nambihan tabungan kangge meser bumina. Mung 
dua tahun minantu di "mertua indah", salami waktos eta teras tiasa nambihan 
tabungan maranehna. Kiwari tos misah di Antapani, tina berekahna teu ngiringan 
tradisi hajat jorjoran teh. 
  
Kanggo nonoman anu bade ngadarahup, ulah ringrang jalaran teu kagungan waragad 
nikah anu ageung, sing tawekal bae, ulah dikawitan hirup rumah tangga ku 
sambetan anu teu rasional. Bismillah wae muga muga ku ngadahup teh sing berekah 
salamet tur raharja.      

firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
 
Ngiring mairan oge 

Ceuk pangalaman babaturan kuring anu asalna ti nagri tatangga [=jawa :)] anu 
urang jelebudna ieu ge.
Soal tradisi hajat kawin teh teu kitu-kitu teuing, enya eta ge loba nu hajat 
tapi teu kudu-kudu teuing.
Waktu manehna kawin, ngan wungkul ceuk bohong na mah modal kolor wungkul. Pas 
datang ka awewena ge nya ditarima, diijabkeun terus "hajat" basajan wae. 
Ngondang tatangga, balakecrakan terus konci kamar. Euweuh sugan di 
angkleung-angkleung cenah.
Tapi di lembur mah asa euweuh sugan anu wani kitu. Pajarkeun teh "Da lain 
dikawinkeun hansip cenah". Padahal lamun ditanya "meunang teu mun teu hajat?". 
Meunang pisan cenah. 
Sigana soal tradisi tinggal kawani sigana mah.


Peun.

Firman


Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
 
 
 
 
Ngiring ngarewong ....... 
Leres Uwa ........ sami wae ...... malihan mah di dieu (Bali - da luar nagari 
keneh ..... pami ti nagari pasundan mah) rata-rata kedah nganggo biaya anu 
ageung kumargi dina rentetan upacarana oge tiasa dugi ka  tujuh dinten tujuh 
wengi. Paling banter teh, anu tiasa kaetang singket pisan biasana nyeepkeun 
waktos 3 dinten 3 wengi upacarana teh. Nya tos pasti tina perkawis ongkosna teh 
jor-joran pisan. Ieu tradisi teh dugi kaayeuna masih di mumule. 
Eta teh anu bade laki rabi ..... komo deui upami dugi ka dugna anu pupus ..... 
nya ngaben ("pelebon") tea. 
  
haturan, 
gl 
-------- 
 
  

Dari: waluya56  
Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 11:12:38

 
 
........................................................... 
sabenerna "PEMBOROSAN" . Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake 
meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak 
dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi 
sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu. 

Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah 
kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu 
pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring 
sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu 
dipestakeun. 

Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor-
joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa, 
lain kalangan elite (kaum selebriti) ....

Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin 
bangsa batur?

Baktos,
WALUYA 
. 
 
 


 
----------------
 Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers 
<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.answers.yahoo.com/>  

 
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

 
----------------
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search. 
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
   

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke