Sacara ilmiah oge dina disertasi aki nikah enggal teh (anom keneh) tong
salempang teu kenging padamelan. Salah sawios panimu tina panalungtikan aki
nyaeta "Kurve Kamungkinan Damel",nyaeta hubungan kenging padamelan (Probability
to work) sareng "Odds Ratio" tina bentena umur nikah anu ngawitan; janten
sanes wae pangalaman pribadi nikah enggal teh. Ieu aya dina Bab 5, di
http://www.tams1952.multiply.com
Ilahar hajat di Msia benten sareng di daerah Pasundan, hajatna urang Melayu
anu aki terang aya dua,nyaeta "Rumah Terbuka" (mungkin terjemahan tina Open
House) sareng hajatan nikahkeun. Anu kahiji biasana waktosna saba'da Lebaran,
anu kadua hajatan nikahkeun. Pasakan di dua rupi hajatan ieu hampir sami,
carana sapertos parasmanan, sanguna 2-3 rupina. Aya nasi Berani, sangu anu
rupina warnawarni ngangge bubumbu. Oge aya nasi minyak sareng sangu biasa,
sangu bodas. Rencangna oge hampir sami sareng di urang.
Khusus perkawis ilahar pernikahan, benten pisan sareng di urang. Aya istilah
"Hantaran", mangrupi jumlah artos anu kedah disanggakeun pihak penganten
pameget ka panganten istri. Seueurna gumantung daerah/negeri. Sapertos wilayah
persekutuan/KL ti kawit RM 10,000.00 + benten sareng negeri Johor atanapi
negeri Kelantan. daerah KL kaetang awis, upami ngetang tina gaji padamel paling
handap RM 600.00/sasih, tangtos sesah/lami nabungna supados kenging gadis KL.
Gaji satingkat Diploma 700-1,200.00; S1 1,000.00-1,800.00 masih rada sesah
keneh oge margi dicontang ku cicilan mobil, sametan biaya sakola, sewa
apartemen, masihan ka sepuhna, srrd. Janten Hantaran rada masalah kangge para
calon mempelai di Msia, sanaos padamelan gampil kenging. Cag sakitu heula,
baktos aki tams.
kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
waduh... hatur nuhun piwejangna, Aki Tams... janten hoyong geura2
nikah... ti Kusnet aya mojang nu kersa ka abdi teu nya?
On 12/5/07, Tatang Sariman < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kanggo nonoman anu bade ngadarahup, ulah ringrang jalaran teu kagungan
waragad nikah anu ageung, sing tawekal bae, ulah dikawitan hirup rumah tangga
ku sambetan anu teu rasional. Bismillah wae muga muga ku ngadahup teh sing
berekah salamet tur raharja.
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.