:-)
  ----- Original Message ----- 
  From: etom ethom 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 05, 2007 4:34 PM
  Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Ngawinkeun ...



  sae aki...


  ----- Original Message ----
  From: Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Wednesday, December 5, 2007 5:03:24 PM
  Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Ngawinkeun ...



  Pasualan ngawinkeun/ngadahup keun, anu penting mah nyekapan syarat sareng 
rukun wae, ari tradisi hajat muhun tradisi, sanes kawajiban komo lamun jojoran 
mah, ulah dianggap janten teu syah eta pernikahan teh upami teu ngiringan 
ilahar. 

  Aki tams waktos ngadahup ka si ninina, harita keur kuliah keneh tingkat 
sarjana muda, nyakitu tea teu isin mung ngadamel sangu koneng ceuk babasaan 
mah, ngulem tatanggi sareng rerencangan kuliah. Ari ngiring tradisi mah jaman 
harita kedah jutaan waragadna. Waragad anu disayogikeun teh ku aki tams malih 
aya sesana dipeserkeun motor tilas Suzuki tahun 1973 pangaosna 150 rebu an. 
Janten sanes ngetang sametan sabada nikah teh, sabab tos kairong, upami ngiring 
ilahar mah pasti jigah kitu, kabahagiaan teh tiasa sirna, anu aya ngaraos 
diudag udag sametan. Saena wae nupuguh mah, sepuh teu riweuh, atuh urang oge 
jongjon neraskeun kuliah bari rumah tangga.   

  Atuh waktos ngadahupkeun pun anak anu cikal oge, enggal keneh tahun 2001, 
nyakitu bae, teu hajat jigah ilaharna, di saung sorangan, anu diulem tatanggi 
sareng wargi-wargi, oge rerencangan minantu sareng pun anak. Parasmanan biasa, 
sagebrakan mung 2-3 jam ti kawit akad nikah dugi rengse teh. Alhamdulillah 
salamet, waragad anu aya teh tiasa nambihan tabungan kangge meser bumina. Mung 
dua tahun minantu di "mertua indah", salami waktos eta teras tiasa nambihan 
tabungan maranehna. Kiwari tos misah di Antapani, tina berekahna teu ngiringan 
tradisi hajat jorjoran teh.

  Kanggo nonoman anu bade ngadarahup, ulah ringrang jalaran teu kagungan 
waragad nikah anu ageung, sing tawekal bae, ulah dikawitan hirup rumah tangga 
ku sambetan anu teu rasional. Bismillah wae muga muga ku ngadahup teh sing 
berekah salamet tur raharja.      

  firman raharja <raharja1973@ yahoo.com> wrote:
    Ngiring mairan oge 

    Ceuk pangalaman babaturan kuring anu asalna ti nagri tatangga [=jawa :)] 
anu urang jelebudna ieu ge.
    Soal tradisi hajat kawin teh teu kitu-kitu teuing, enya eta ge loba nu 
hajat tapi teu kudu-kudu teuing.
    Waktu manehna kawin, ngan wungkul ceuk bohong na mah modal kolor wungkul. 
Pas datang ka awewena ge nya ditarima, diijabkeun terus "hajat" basajan wae. 
Ngondang tatangga, balakecrakan terus konci kamar. Euweuh sugan di 
angkleung-angkleung cenah.
    Tapi di lembur mah asa euweuh sugan anu wani kitu. Pajarkeun teh "Da lain 
dikawinkeun hansip cenah". Padahal lamun ditanya "meunang teu mun teu hajat?". 
Meunang pisan cenah. 
    Sigana soal tradisi tinggal kawani sigana mah.


    Peun.

    Firman


    Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote: 
      Ngiring ngarewong .......
      Leres Uwa ........ sami wae ...... malihan mah di dieu (Bali - da luar 
nagari keneh ..... pami ti nagari pasundan mah) rata-rata kedah nganggo biaya 
anu ageung kumargi dina rentetan upacarana oge tiasa dugi ka  tujuh dinten 
tujuh wengi. Paling banter teh, anu tiasa kaetang singket pisan biasana 
nyeepkeun waktos 3 dinten 3 wengi upacarana teh. Nya tos pasti tina perkawis 
ongkosna teh jor-joran pisan. Ieu tradisi teh dugi kaayeuna masih di mumule.
      Eta teh anu bade laki rabi ..... komo deui upami dugi ka dugna anu pupus 
..... nya ngaben ("pelebon") tea.

      haturan,
      gl
      --------

      Dari: waluya56 
      Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 11:12:38


      ............ ......... ......... ......... ......... ......... ..
      sabenerna "PEMBOROSAN" . Bayangkeun we duit nu sabenerna bisa dipake 
      meuli imah atawa ngontrak imah keur nu anyar kawin, malah beak 
      dipake pesta. Mending lamun biayana teh lain meunang nginjeum, tapi 
      sakapeung meunang nganjuk-ngahutang kaditu-kadieu. 

      Dilemnana, ieu sigana geus jadi TRADISI nu hese dirobah, dalah 
      kuring sorangan oge teu wani ngarempag tradisi ieu, waktu adi bungsu 
      pamajikan kawin, kulantaran geus teu boga indung-bapa, kuring 
      sadulur-dulur rereongan, mestakeun kawinna. Da teu umum, kawin teu 
      dipestakeun. 

      Kuring teu terang, naha ari bangsa batur, lamun ngawinkeun sok jor-
      joran kawas di urang kitu? Maksud teh keur kalangan jalma biasa, 
      lain kalangan elite (kaum selebriti) ....

      Cik sugan nu ngalalanjreg di LN, ngadarongeng kumaha pesta kawin 
      bangsa batur?

      Baktos,
      WALUYA
      .
       




--------------------------------------------------------------------------
      Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers 


    Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 




------------------------------------------------------------------------------
  Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. 





------------------------------------------------------------------------------
  Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 

   

Kirim email ke