punten ah jadi ngilu ateul, jadi hayang milu ngacapruk, jadi hayang milu
nanya, keun wae teu nyambung ge, sambung-sambungkeun we. "naha enya budaya
huma teh goreng patut?" "naha enya budaya nyawah leuwing unggul ti budaya
huma?" ah ceuk saha. hehehe.

asa mindeng manggihan padungdengan, upama keur madungdengkeun posisi urang
sunda disandingkeun jeung seler sejen, terus katempo loba katunana, lumpatna
teh sok terus neumbleuhkeun ka budaya huma karuhun. naha enya eta teh jiga
kitu?

upama urang ngurilingan kota bandung, terus ulak-ilik ka tempat barang
dahar, di antara nu kajojo teh tempat barang dahar jiga kfc, mc.d, jeung
sajabana. eta kadaharan di tempat eta teh, ampir didominasi ku kadaharan
ladang ngahuma, lain ladang nyawah. hui kumeli jeung gandum dipelakna teh di
huma. asa can ngadenge, aya hui kumeli jeung gandum dipelak disawah.
kilangbara hasil nyawah bisa dikirim ka lembur batur, dalah keur dahareun
urang lembur ge teu cukup, hayoh kudu ngimpor sagala. padahal hasil ngebon,
hasil ngahuma mah, apan sakitu rentulna tempat dahar 'fast-food'
dimana-mana. cing dimana unggulna sawah? ukur dongengek jigana mah.

ayeuna toong kamajuan elmu pangaweruh jeung teknologi bangsa turunan tukang
kebon jeung huma, apan teu kudu dicaritakeun deui nya. nu matak kadesehna
urang sunda mah lain alatan turunan karuhun nu tukang kebon, tukang ngahuma,
nu pasti mah urangna we taya kadaek. kuring boga asumsi, kadesehna urang
sunda dina sagala aspek kahirupan, mimiti di pasar, dimasigit, nepi ka
posisi penting sejenna, alatan urang sunda ngajauhan pulitik. urang sunda ti
leuleutik geus dijungjurigan ku kasieun kana pulitik. padahal sagala
pangabutuh jalma apan kawijakanana aya di dinya. pek cobaan data, aya
sabaraha persen urang sunda nu milu madungdengkeun nasib masyarakatna di
anggota dewan. (mh)


On 12/7/07, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Miteskeun Mitos Ngahuma
> (Ngomentaran tulisan MJ jeung GK -- saeutik)
>
> Basa maca Diskriminasi Kabudayaan yasana GK (
> http://www.ganjarkurnia.com/?p=26), kuring langsung ateul. Hayang tret nu
> lis. Nyanyahoanan saperti biasa, ngengklokan eta seratan: Urang lain bae sok
> diskriminatif kana kabudayaan teh. Tapi, sok pinter kodek. Malah antukna
> nyasabkeun pisan. Kabudayaan teh remen ukur jadi panyumputan, paneumbleuhan,
> atawa kedok wungkul tina katuna diri salaku manusa, salaku seler, salaku
> bangsa -- nu antukna patojaiah jeung kaluhungan nu, cenah, jadi udagan jeung
> titincakan kabudayaan. Cohagna kabudayaan atawa bubudayaan teh ukur gagayaan
> wungkul. Ukur dimumule, lain dikokolakeun.
> Teu ku hanteu, can tret nulis, kaburu manggih tulisan MJ nu mairan tulisan
> Dulwahab ieu (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/111483).
> Keur kuring, tulisan MJ eta salah sahiji conto kumaha kabudayaan ukur jadi
> alesan atawa paneumbleuhan. Malah nyasabkeun pisan. Dina hal ieu, nu jadi
> paneumbleuhan tadi, perkara budaya huma nu, cenah, jadi pasipatan urang
> Sunda. Ku naon kitu? Kieu:
>
> Nu kaharti ku kuring, tulisan MJ eta rek nunjukkeun: Alatan budaya huma
> tadi, urang Sunda remen sosoranganan. Antukna, prestasi urang Sunda teu
> katingal. Sabab, mun urang leukeun jeung gemet ningalina, teu saeutik urang
> Sunda nu miboga prestasi nu pikaajriheun. Utamana, dina conto nu disodorkeun
> ku MJ: Urang Sunda nu bubuara di luar nagri.
> Kuring ngarti, lian ti ngiklankeun Kusnet, maksud MJ ngembrakeun naon nu
> aya dina tulisannana teh keur miteskeun "pesimisme" nu nyampak dina tulisan
> Dulwahab. Ngan, aya sawatara hal nu keur kuring kurang merenah. Kahiji, dina
> paningal kuring, tulisan MJ eta asa teu nyambung jeung tulisan nu
> diengklokannana. Paling heunteu, meureun, teu "aple to aple" tea. (Teu beda
> jeung komentar kuring dina kasus ieu:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/111244). Malah, siga ceuk
> tadi: Tulisan MJ eta bisa nyasabkeun jalma tina naon nu keur dipisoal – dina
> hal ieu nasib urang Sunda salaku hiji seler. Salaku hiji komunitas.
> Naon pakaitna antara rumeukna nasib urang Sunda, salaku hiji seler, nu ku
> Dulwahab dikuatkeun ku angka-angka statistik, jeung prestasi-prestasi
> individu – nu kabeneran majajaran di luar Tatar Sunda? Naha MJ rek
> nyarankeun urang Sunda sangkan kabeh imigrasi ka Amerika atawa ka Australi?
> Sangkan maraju?
> Leuwih ti kitu, ku nyodorkun angka-angka statistik tadi, pasoalan nu
> diembrakkeun ku Dulwahab satemenna geus kawilang seukeut. Yen Tatar Sunda
> atawa SDM Sunda keur kritis. Tah, bari nyabit-nyabit perkara budaya huma
> tadi, pasoalan nu geus seukeut teh ku MJ dimintulkeun deui. Jadi atah deui.
> Atawa rumeuk deui.
> Kadua, MJ "rada" teu konsisten atawa – nginjeum istilah nu oge dipake ku
> MJ dina eta tulisan -- "naif". Di bagian lian tulisannana MJ geus bener ku
> nyabit-nyabit perkara "politik", "hak prerogatif", jeung "kebanggaan". Tapi,
> siga nu kabaca ku sarerea, dina tilu parapat tulisanna inyana karah
> nyalenggor kana perkara kabudayaan – budaya huma tea.
> Maksud kuring: Mun MJ museur kana perkara kawijakan jeung praktek politik
> nu salah salila ieu – sentralisasi nu dibarungan ku watek jeung praktik
> koruptif atawa kabelegugan pisan, dibarung ku dipilihna Jawa Barat (jeung
> Banten) salaku pusat industrialisasi, nu ngabalukarkeun "Sunda heurin ku
> tangtung", nu ahirna jati kasilih ku junti atawa handapna kualitas hirup SDM
> Sunda -- pasoalan bisa leuwih jelas. Hartina, "tesis" Sarwono dina ngurangan
> migrasi ka Jakarta bisa dipake: Desentralisasi atawa otonomi daerah kudu
> dipake pikeun ngahangkeutkeun wewengkon daerah (sejen) – di dieu relevansi
> jeung urgensina urang Sunda kudu makalangan di tatar nasional atawa di
> wewengkon sejen pisan. Sabab, jalma datang ka Tatar Sunda, alatan kabongbroy
> ku kahirupan nu leuwih ngeunah. Dibarungan ku birokrasi urang nu belegug
> jeung koruptif tadi, bari kahieuman sentralilasi nu sarua korup jeung
> belegugna, antukna urang Sunda sorangan teu kageroh.
> Lian ti kitu, mun tea mah MJ keukeuh rek ngayonan tulisan Dulwahab tadi
> tina angle "kabudayaan", naha pas "budaya huma" dijadikeun kojo, dina harti
> disodorkeun jeung ditegeskeun pisan salaku pasipatan urang Sunda? Boa-boa,
> dina hal ieu, perkara kasomeahan atawa sipat terbuka urang Sunda nu leuwih
> tegep diasongkeun. Kasomeahan ieu, keur urang Sunda nu dumuk di sarakan,
> lain bae matak betah semah. Tapi, dibarungan ku "pasoalan politik" tadi, oge
> malindes ka dirina: Kaered tina kahirupan. Jati ka silih ku junti. Keur
> urang Sunda nu ngumbara, nya matak "wellcome" nu disemahan. Da, someah tea.
> Sanajan, perkara kasomeahan nu diklaim jadi pasipatan urang Sunda eta kudu
> ditalek deui bener heunteuna. Ongkoh, atawa sabab, dina perkara prestasi
> individu jeung seler ieu, lian ti pasoalan-pasoalan "politik" tadi, bisa
> jadi, sarupaning "falsafah si Kabayan" nu ngagejeburkeun urang Sunda kana
> krisis kiwari teh: Mangga ti payun, hirup mah durang-duraring, jeung budaya
> popoyongkodan lianna. Lain budaya huma. Sabab, mun tigin ngalarapkeunnana,
> bari mun tea mah bener nya budaya huma eta nu jadi matak urang Sunda
> "individualis", pantesna urang Sunda teh jauh tina pasipatan feodal atawa
> paguyuban pisan (?). Oge, bener, budaya huma eta aya gorengna: Paaing-aing.
> Tapi, efek positifna: (kuduna) urang Sunda miboga virus N-Ach nu gede. Gede
> kahayang pikeun "tanjeur na juritan". Sakali deui, mun tea mah bener budaya
> huma eta nu jadi DNA urang Sunda.
> Kuring sorangan, di luar bener heunteuna perkara huma eta nu jadi watek
> dasar budaya jeung paripolah urang Sunda, hayang miteskeun eta mitos. Ku
> naon? Nya, sok jadi paneumbleuhan tea. Urang Sunda teu bisa ngahiji alatan
> budayana budaya huma, paaing-aing. Bari...wallohu alam!
>
> Gang Tengah, 20 Februari 2007
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>  
>

Kirim email ke