puguh da anggota dewanna mentingkeun golongan na sorangan...hehehe..
lamun datangna ti golongan sunda..... berarti mentingkeun kamajuan sunda weh
nya..... hehehehe....
ah... garelo wae eta mah jelmana.......
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: punten ah jadi
ngilu ateul, jadi hayang milu ngacapruk, jadi hayang milu nanya, keun wae teu
nyambung ge, sambung-sambungkeun we. "naha enya budaya huma teh goreng patut?"
"naha enya budaya nyawah leuwing unggul ti budaya huma?" ah ceuk saha. hehehe.
asa mindeng manggihan padungdengan, upama keur madungdengkeun posisi urang
sunda disandingkeun jeung seler sejen, terus katempo loba katunana, lumpatna
teh sok terus neumbleuhkeun ka budaya huma karuhun. naha enya eta teh jiga
kitu?
upama urang ngurilingan kota bandung, terus ulak-ilik ka tempat barang dahar,
di antara nu kajojo teh tempat barang dahar jiga kfc, mc.d, jeung sajabana. eta
kadaharan di tempat eta teh, ampir didominasi ku kadaharan ladang ngahuma, lain
ladang nyawah. hui kumeli jeung gandum dipelakna teh di huma. asa can ngadenge,
aya hui kumeli jeung gandum dipelak disawah. kilangbara hasil nyawah bisa
dikirim ka lembur batur, dalah keur dahareun urang lembur ge teu cukup, hayoh
kudu ngimpor sagala. padahal hasil ngebon, hasil ngahuma mah, apan sakitu
rentulna tempat dahar 'fast-food' dimana-mana. cing dimana unggulna sawah? ukur
dongengek jigana mah.
ayeuna toong kamajuan elmu pangaweruh jeung teknologi bangsa turunan tukang
kebon jeung huma, apan teu kudu dicaritakeun deui nya. nu matak kadesehna urang
sunda mah lain alatan turunan karuhun nu tukang kebon, tukang ngahuma, nu pasti
mah urangna we taya kadaek. kuring boga asumsi, kadesehna urang sunda dina
sagala aspek kahirupan, mimiti di pasar, dimasigit, nepi ka posisi penting
sejenna, alatan urang sunda ngajauhan pulitik. urang sunda ti leuleutik geus
dijungjurigan ku kasieun kana pulitik. padahal sagala pangabutuh jalma apan
kawijakanana aya di dinya. pek cobaan data, aya sabaraha persen urang sunda nu
milu madungdengkeun nasib masyarakatna di anggota dewan. (mh)
On 12/7/07, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Miteskeun Mitos Ngahuma
(Ngomentaran tulisan MJ jeung GK -- saeutik)
Basa maca Diskriminasi Kabudayaan yasana GK
(http://www.ganjarkurnia.com/?p=26), kuring langsung ateul. Hayang tret nu lis.
Nyanyahoanan saperti biasa, ngengklokan eta seratan: Urang lain bae sok
diskriminatif kana kabudayaan teh. Tapi, sok pinter kodek. Malah antukna
nyasabkeun pisan. Kabudayaan teh remen ukur jadi panyumputan, paneumbleuhan,
atawa kedok wungkul tina katuna diri salaku manusa, salaku seler, salaku bangsa
-- nu antukna patojaiah jeung kaluhungan nu, cenah, jadi udagan jeung
titincakan kabudayaan. Cohagna kabudayaan atawa bubudayaan teh ukur gagayaan
wungkul. Ukur dimumule, lain dikokolakeun.
Teu ku hanteu, can tret nulis, kaburu manggih tulisan MJ nu mairan tulisan
Dulwahab ieu ( http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/111483). Keur
kuring, tulisan MJ eta salah sahiji conto kumaha kabudayaan ukur jadi alesan
atawa paneumbleuhan. Malah nyasabkeun pisan. Dina hal ieu, nu jadi
paneumbleuhan tadi, perkara budaya huma nu, cenah, jadi pasipatan urang Sunda.
Ku naon kitu? Kieu:
Nu kaharti ku kuring, tulisan MJ eta rek nunjukkeun: Alatan budaya huma
tadi, urang Sunda remen sosoranganan. Antukna, prestasi urang Sunda teu
katingal. Sabab, mun urang leukeun jeung gemet ningalina, teu saeutik urang
Sunda nu miboga prestasi nu pikaajriheun. Utamana, dina conto nu disodorkeun ku
MJ: Urang Sunda nu bubuara di luar nagri.
Kuring ngarti, lian ti ngiklankeun Kusnet, maksud MJ ngembrakeun naon nu aya
dina tulisannana teh keur miteskeun "pesimisme" nu nyampak dina tulisan
Dulwahab. Ngan, aya sawatara hal nu keur kuring kurang merenah. Kahiji, dina
paningal kuring, tulisan MJ eta asa teu nyambung jeung tulisan nu
diengklokannana. Paling heunteu, meureun, teu "aple to aple" tea. (Teu beda
jeung komentar kuring dina kasus ieu:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/111244). Malah, siga ceuk
tadi: Tulisan MJ eta bisa nyasabkeun jalma tina naon nu keur dipisoal – dina
hal ieu nasib urang Sunda salaku hiji seler. Salaku hiji komunitas.
Naon pakaitna antara rumeukna nasib urang Sunda, salaku hiji seler, nu ku
Dulwahab dikuatkeun ku angka-angka statistik, jeung prestasi-prestasi individu
– nu kabeneran majajaran di luar Tatar Sunda? Naha MJ rek nyarankeun urang
Sunda sangkan kabeh imigrasi ka Amerika atawa ka Australi? Sangkan maraju?
Leuwih ti kitu, ku nyodorkun angka-angka statistik tadi, pasoalan nu
diembrakkeun ku Dulwahab satemenna geus kawilang seukeut. Yen Tatar Sunda atawa
SDM Sunda keur kritis. Tah, bari nyabit-nyabit perkara budaya huma tadi,
pasoalan nu geus seukeut teh ku MJ dimintulkeun deui. Jadi atah deui. Atawa
rumeuk deui.
Kadua, MJ "rada" teu konsisten atawa – nginjeum istilah nu oge dipake ku MJ
dina eta tulisan -- "naif". Di bagian lian tulisannana MJ geus bener ku
nyabit-nyabit perkara "politik", "hak prerogatif", jeung "kebanggaan". Tapi,
siga nu kabaca ku sarerea, dina tilu parapat tulisanna inyana karah nyalenggor
kana perkara kabudayaan – budaya huma tea.
Maksud kuring: Mun MJ museur kana perkara kawijakan jeung praktek politik nu
salah salila ieu – sentralisasi nu dibarungan ku watek jeung praktik koruptif
atawa kabelegugan pisan, dibarung ku dipilihna Jawa Barat (jeung Banten) salaku
pusat industrialisasi, nu ngabalukarkeun "Sunda heurin ku tangtung", nu ahirna
jati kasilih ku junti atawa handapna kualitas hirup SDM Sunda -- pasoalan bisa
leuwih jelas. Hartina, "tesis" Sarwono dina ngurangan migrasi ka Jakarta bisa
dipake: Desentralisasi atawa otonomi daerah kudu dipake pikeun ngahangkeutkeun
wewengkon daerah (sejen) – di dieu relevansi jeung urgensina urang Sunda kudu
makalangan di tatar nasional atawa di wewengkon sejen pisan. Sabab, jalma
datang ka Tatar Sunda, alatan kabongbroy ku kahirupan nu leuwih ngeunah.
Dibarungan ku birokrasi urang nu belegug jeung koruptif tadi, bari kahieuman
sentralilasi nu sarua korup jeung belegugna, antukna urang Sunda sorangan teu
kageroh.
Lian ti kitu, mun tea mah MJ keukeuh rek ngayonan tulisan Dulwahab tadi tina
angle "kabudayaan", naha pas "budaya huma" dijadikeun kojo, dina harti
disodorkeun jeung ditegeskeun pisan salaku pasipatan urang Sunda? Boa-boa, dina
hal ieu, perkara kasomeahan atawa sipat terbuka urang Sunda nu leuwih tegep
diasongkeun. Kasomeahan ieu, keur urang Sunda nu dumuk di sarakan, lain bae
matak betah semah. Tapi, dibarungan ku "pasoalan politik" tadi, oge malindes ka
dirina: Kaered tina kahirupan. Jati ka silih ku junti. Keur urang Sunda nu
ngumbara, nya matak "wellcome" nu disemahan. Da, someah tea.
Sanajan, perkara kasomeahan nu diklaim jadi pasipatan urang Sunda eta kudu
ditalek deui bener heunteuna. Ongkoh, atawa sabab, dina perkara prestasi
individu jeung seler ieu, lian ti pasoalan-pasoalan "politik" tadi, bisa jadi,
sarupaning "falsafah si Kabayan" nu ngagejeburkeun urang Sunda kana krisis
kiwari teh: Mangga ti payun, hirup mah durang-duraring, jeung budaya
popoyongkodan lianna. Lain budaya huma. Sabab, mun tigin ngalarapkeunnana, bari
mun tea mah bener nya budaya huma eta nu jadi matak urang Sunda "individualis",
pantesna urang Sunda teh jauh tina pasipatan feodal atawa paguyuban pisan (?).
Oge, bener, budaya huma eta aya gorengna: Paaing-aing. Tapi, efek positifna:
(kuduna) urang Sunda miboga virus N-Ach nu gede. Gede kahayang pikeun "tanjeur
na juritan". Sakali deui, mun tea mah bener budaya huma eta nu jadi DNA urang
Sunda.
Kuring sorangan, di luar bener heunteuna perkara huma eta nu jadi watek
dasar budaya jeung paripolah urang Sunda, hayang miteskeun eta mitos. Ku naon?
Nya, sok jadi paneumbleuhan tea. Urang Sunda teu bisa ngahiji alatan budayana
budaya huma, paaing-aing. Bari...wallohu alam!
Gang Tengah, 20 Februari 2007
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers