sigana beda cara noongna urang teh kang.
ari akang ningali negatifna, jeung naon nu kudu aya, ari si kuring
ningali kitu ayana, jeung ngorehan sugan aya nu positipna. ari soal
negatip positip mah diunggal naon bae oge aya.
diskusi urang museur ka das sein jeung das sollen tea -naon nu aya,
jeung naon nu kudu aya - meureun cek urang jerman mah.

sanajan si kuring rada percaya oge ka masalah geografis. sabab alam
tempat hirup nu geus nyiptakeun world view jeung sagala rupana hiji
bangsa.

siga bule, naha leuwih maju? aya hipotesis atawa pernyataan nu bener
sabab kaharti -asup akal, nyaeta manehna hirup di alam nu opat musim.
hal nu oge jadi bukti pikeun jepang jeung bangsa sejen di kaler nu
papada baroga opat musim.

kaayaan endonesia cek Bambang Sugiharto-filsuf ti unpar, presiden
asosiasi filsuf katolik asia (si kuring keur milu kuliahna) sarua
jeung nagara2 tropis di amerika latin. kungsi aya bule ulin pas liwat
wewengkon majalaya, maranehna inget ka wewengkon meksiko. haha.

tapi langkung sae sikep akang nu hayang mites-miteskeun mitos jeung
sagala rupa nu jadi ngahambat kamajuan.

ari si kuring teu ka dinya, hirup make pikiran anything goes posmodern
tea, yen ayeuna mah mun bisa nya pragmatis we, naon bae nu aya gunana,
nya pake. yen kolot baheula urang ngahuma, nya da eta mah meureun
kanyataan.

 dalah rasionalitas oge geus teu dianggap pangbenerna. pangobatan
alternafit dipake. hal nu ku jaman atawa alam pikiran modern mah teu
kaci.

tapi tulisan eta tos medal di kompas. oge lain pikeun justifikasi,
ngan ukur neangan sabab musabab, ka tukang, akar nu kapanggih ku
ahlina nya eta. maksudna boga latar kitu, ulah jadi masalah. istilah
pareumeun obor, jeung sajabana. nu hayang dipiteskeun teh sarat kudu
kitu kudu kieu karek US maju. siga hirup bakal sugema mun kitu mun
kieu. padahal ari sugema mah kumaha urangna. da ayana dina pikiran.
tapi mun bisa mah, ku saayana, ku latar naon bae urang kudu bisa maju.
sanajan nya bari jeung balik deui ka kondisi tropis tadi.



On 12/12/07, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > mun ngahuma salah jadi artefak pikiran urang, meureun kaayaan
>   geografis tropis nu nyiptakeun urang siga kieu.
> > --
> > geocities.com/mangjamal
> > mangjamal.multiply.com
> >
>
> Hampura pisan, MJ.
>
> Tapi, teuing, siga nu katoong tina komentar kuring: Kuring euceub
> pisan kana budaya huma eta teh. Sanajan enya aya positifna, tapi
> keur kapentingan pragmatis loba ngadoreksakeunnana. Urang teu
> bisa "ngahiji" alatan miboga budaya eta. Lain bae paaing-aing atawa
> autis. Tapi, oge wangkreng jeung bedegong. Contona? Sigana teu kudu
> disebutkeun deui. Loba pisan.
>
> Matak, kuring nganggap eta artefak ukur mitos -- sakumaha pasipatan
> urang nu goreng atawa ukur sarupaning klaim wungkul. Kukituna, kudu
> dituar. Piteskeun. Rek alus, rek goreng, ku kuring dianggap wadul.
> Awahing ku hayang ngahapus artefak tadi tina memori urang kabeh.
>
> Dina konteks tulisan MJ, ceuk kuring, mending didel bae bagean eta
> mah. Ukur jadi paneumbleuhan --justifikasi kana kabedegongan urang.
> Mun tea mah rek ngengklokan perkara kurung batok nu disabit-sabit
> Dulwahab, sigana, leuwih hade langsung bae ngebrehkeun kasus-kasus
> wargi-wargi Kusnet nu ngumbara eta?
>
> Keur sakuringeun, soal mencermati ajaran karuhun leuwih "merenah".
> Sanajan, gayana kurang lincah -- judulna ge "datar". (Kuring hayang
> nyebut eusina kurang radikal. Tapi, teu wasa. Jeung, sigana, euweuh
> gunana).
>
> Ka MH, oge JP, punten teu ngengklokan langsung.
>
> MGT
>
>


-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke