--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngahiji kanggo naon kang?
Ngahiji tangtuna lain dina harti formal mangrupa organisasi --
sanajan aya pakaitna jeung oorganisasian oge. Maksud kuring, kumaha
getih goib eta mun tea mah aya - ngajirim?
Contona: Kasus Batutulis baheula. Ku implengan kuring, basa aya
gempungan di Kebon Raya, urang Sunda (omat urang sunda di dieu lain
dina harti Kusnet, tapi bangsa Sunda umumna) bakal metet di eta
acara. Buktina? Ku taksiran, teu nepi ka sarebu! Naha, kasus eta teu
bisa noel kasadaran urang Sunda salaku hiji komunitas? Teu bisa
ngajirimkeun getih goib tadi? (Kalah kuring bae kawiwirangan, kuram-
kireum, basa taun hareupna, ditanya ku Adhi Massardi: Kabagean
sabaraha? Singhoreng, sawatara kolot urang ceuk Adhi narima duit
ti Said Agil. Rek nanyakeun langsung ka Said Agil poho bae. Padahal,
ayeuna, pan, anjeunna jadi tatangga kuring? Di Penjara Salemba, kari
leumpang ka wetankeun ti imah).
Sanajan cawerangna urang Sunda dina gempungan eta bisa dijawab ku
asumsi-asumsi atawa analisis nu leuwih optimistis - ti mimiti nu
sipatna praktis-pragmatis (kaweur ku gawe atawa sakola, atawa teu
boga ongkos pisan, nepi ka teu bisa datang ka eta gempungan), nepi
ka nu sipatna ideologis (lain teu ngarasa urang Sunda, tapi keur
nanahaon nguruskeun "arca" titinggal jahiliyah?) - keur kuring mah
sababna ngan hiji: Taya lian ti artefak budaya huma eta (nu dina hal
ieu paaing-aing atawa teu paduli ka nu lian, "teu nanaon ku naon-
naon", "sahumana-sahumana", "sapipina-sapipina") nu nyangkaruk dina
DNA urang Sunda.
Pon kitu deui perkara teu bisa ngahijina mayoritas elite-elite jeung
organisasi nu nyampak. Sakali deui, lain kudu diwadahan ku
organisasi tunggal. (Jeung omat: elite. Sanajan masih nganggap
kasadaran jeung kaparigelan urang dina oorganisasian masih kurang,
da boga "warisan" ngahuma tea, kuring teu ngawawaas kumna urang
Sunda jadi aktivis organisasi). Atawa saragamna pamadegan. Tapi, aya
heunteu kasadaran keur ngagarap isu nu sarua, nu kira-kira bisa
ngawujudkeun getih goib eta, nu sipatna positif? (Sanajan, engke,
cara ngalarapkeunnana beda-beda). Aya heunteu forum komunikasi antar
organisasi ka-Sunda-an nu digarap leuwih daria? Karuhan, aya heunteu
usaha-usaha nu leuwih daria dina ngaraeh sora-sora ti somah atawa ti
organisasi-organisasi nu leuwih leutik atawa nu masih lelengkah halu
mah? Sakanyaho kuring mah meh euweuh. Mun urang nyieun gempungan ka-
Sunda-an, sanajan dialpukahan ku "aktor-aktor" anyar, format atawa
pamilonna balik deui ka eta deui ka eta deui. Sabalikna, komunitas
anyar ge siga nu kurung batok, atawa cadu pisan kadar silaturahmi
jeung komunitas lian,naha nu sarua anyar atawa nu geus leuwih lila
makalangan nu kadituna, bisa ngawangun hiji sinergi.
Pangalaman lian: Sawatara waktu ka tukang, kuring "aktif" di hiji
komunitas Sunda. Aranjeunna ngadaramel yayasan nu keur kuring
jeung sawatara batur lianna, pikeun ngawadahan aktivitas eta
komunitas. Teu ku hanteu, lajuna eta yayasan rada ngeyeted. Aya ari
ayana mah kagiatan. Ngan nyakitu, keur kuring, kurang nyugemakeun.
Lain bae kagiatan nu aya "kurang konseptual", tapi nya ukur
ngagugulung nu aya. Teu ngawadahan aspirasi lain nu nyampak di eta
komunitas. Nu jadi faktor dominan, nya DNA budaya huma eta: Antara
pangurus jeung anggota komunitas lianna, nu ngarasa teu kawadahan
aspirasina, pakeukeuh-keukeuh. Itu embung, ieu teu daek. Padahal, ti
jihad pangurus, ceuk kuring, tinggal nyieun SK atawa wadah keur eta
aspirasi. Ti pihak "oposisi", tinggal nyederhanakeun kagiatannana
atawa tuntutannana. Batu turun keusik naek.
Antukna mah... teuing. Da, kuring geus teu di dinya. Bari,
sirikna, "dimarusuhan" ku duaanana. Dianggap plinplan. Ngan, nu
nongtoreng dina ceuli nepi ka kiwari, kasauran aranjeunna -- boh
ti "oposan" oge pangurus, nu intina: "Sabar, Jang. Urang mah turunan
jalma huma, sok pakeukeuh-keukeuh". Atawa, disimbutan ku "beda
visi", nu keur kuring kadar alesan pikeun misah ti nu geus aya.
Tah, ningali kitu, lian ti sok jadi paneumbleuhan ("da urang mah
urang huma"), oge teu matak jadi mangpaat, nya urang piteskeun bae
eta mitos teh. Karah "mepende" jeung jadi paneumbleuhan, justifikasi
tina katuna urang pikeun "ngahiji". (Kaasup "mitos" posmodern
oge "sugema mah aya na pikiran", siga ceuk tadi, kudu dikritisi. Mun
lain dipiteskeun oge).
Dina konteks komunikasi massa, pakait jeung tulisan MJ hususna,
kahayang kuring (tuh, pan, geus nafsu deui bae nu digugulung teh?
Kahayang....), isu eta mah tong disebut-sebut. Malah, alusna,
apungkeun isu-isu nu bisa miteskeun mitos eta. Kumaha urang
bisa "ngahiji" tadi. (Nya, di dieu relevansina ajakan nu disodorkeun
ku Kang Tirta - meureun. Ku ngapungkeun isu budaya basisir,
misalna). Kumaha getih teh teu ukur goib. Tapi, natrat dina hirup
nyata paling heunteu, nu tadi, di tingkat elite-elit Sunda
sorangan atawa leuwih leutik deui: Di antara elite-elite organisasi
nu aya. Boa-boa, getih goib teh ukur mitos deui bae? Ukur aku-akuan
bae? Deui-deui kadar ngupahan maneh, muji maneh, atawa mepende hate?
Kitu, meureun, mun dibejer beaskeun mah, MJ oge nu lianna, nu
kabeneran molototan ieu pangacaprukan. Hampura pisan, mun euweuh nu
anyar dina komentar atas komentar atas komentar ieu. Oge, hampura,
mun kuring masih siga nu nyiduh ka langit bari masih dihieuman ku
modernisme, malah siga nu ngahucuhkeun developmentalisme pisan.
Bongan, dina panoong kuring, nya perkara ieu nu jadi salahsahiji
pasoalan urang teh kritis kana adat suradat umumna, miteskeun
mitos ngahuma hususna. Omat, dina konteks huhumaan, lain pedah
kuring teu kaajakan atawa hayang diajakan. Lain. Keur sakuringeun,
geus sugema lamun elite-elite Sunda nu aya, atawa elite-elite dina
hiji organisasi ka-Sunda-an "ngahiji" nepi ka wacana nu mucunghul
teh lain alatan "asa ditinggalkeun", tapi memang obyektif, pasoalan
nu leuwih subtantif. Kuring sorangan, siga salila ieu, cukup aya di
luar eta -- rumasa pan kuring mah teu satigin nu lian dina su-Sunda-
an teh. Ongkoh kuring mah hayang nurutan MJ: Sugema mah aya dina
pikiran, teu nanaon ku nanaon. Hehehe...
Cag heula, ah. Bisa tambah panjang ngacaprukna.
Eh, Epigram-na can maca, euy. Kungsi meuli, ngan dibikeun ka budak
Lampung jeung budak Balikpapan. (Lain dibikeun, ketang. Dipenta. Da
nu mentana awewe, budak SMA jeung guru SMP, nya dibikeun). Hampura
oge, "resensi" Rakaustriana-na teu kapuluk pisan. Iraha-iraha urang
jieun deui. Ngan, intina, salah sahiji pamanggih kuring nu, biasa,
nyanyahoanan: Bahan alus (sajarah jeung mitos-mitos nu nyampak di
urang, utamana Ciamis, nu "geueuman" jeung memang boga sajarah jeung
posisi khusus dina sajarah Sunda), cara ngolah (di antarana, nu
kuring inget, bagian Mang Kaning ngabelesat ti Cihideung ka
Tangkuban Parahu) kurang alus. Ku paningal kuring, iklim
surealistikna bisa ditingkatkeun deui. Komo, mun kaweruh filsafat di
dinya dibarungan ku basa jeung sikep nu leuwih "seurieus" mah
tong "pragmatis" teuing. Wani gelo siga Nietszche. Bisa postmo abis,
bari nedunan standar-standar lirisisme jeung kaparigelan basa jalma-
jalma kawas Goenawan. Tapi, kitu ge meureun. Rumasa lain manukna
jeung teu suhud nitenan sastra sakumaha kahirupan lianna.
Ka Mas Bambang, hampura kituh ngaji Chopra-na teu diteruskeun.
Kaburu beak bekelna.