--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sigana beda cara noongna urang teh kang.

Bener pisan, MJ. Urang rada beda cara noong. Malah, mun ceuk jalma 
nu tatasawufan mah maqam urang ge beda. MJ mah, kacirina meh rek 
ma'rifat, geus istiqomah, meh teu nananaon ku nananaon. Kuring mah 
masih ulukutek di handap, dinu kotor – sakadang akal, nu cenah 
dipinuhan ku nafsu atawa, malah, ku lamunan pisan (nu kadang a 
historis). Masih keneh kagoda ku angka, ku data, dalah kadar ku 
wacana. Alatan nyampak na wacana, nu oge dibarung ku angka, jeung 
sawatara hal nu katingal ku mata atawa kareungeu ku ceuli, kuring 
mah percaya yen Sunda keur kritis. Mataholangna, nya dina SDM-na.

Oge kuring satuju yen worldview hiji bangsa atawa komunitas 
ditangtukeun ku alam geografis-na (jeung sajarahna). Kuring oge 
satuju yen teu sakabeh naon nu nyampak di urang goreng atawa kudu 
dipiteskeun pisan. Malah, "qua konsep", kuring ningali naon nu 
nyampak di urang teh ideal pisan, luyu jeung ideal-ideal modernitas: 
Hade ka semah, repeh rapih, someah, paheuyeuk-heuyeuk leungeun, 
jste. (Mudah-mudahan, "pamuji" ieu teu kapangaruhan ku DNA atawa 
worldview, getih goib, atawa artefak-artefak ka-Sunda-an nu 
nyangkaruk dina diri kuring). Tapi, siga nu diingetkeun ku tulisan 
MJ ngeunaan warisan karuhun eta, nepi ka mana urang ngalenyepan 
jeung ngalarapkan atawa nerapkeun eta adat? Utamana dina zaman 
kiwari? Hartina, kritis heunteu urang kana aadatan teh?

Satadina, ku akal, ku sakola, ku internet, ku elmu jeung teknologi, 
ku agama, malah ku adat sorangan, sawarga teh bisa ngeclak saeutik 
bae mah. Teu kudu sampurna. Cukup kawas jiga. Kadar kaduga ku common 
sense, ku akal sehat – ku moral jeung agama. Maksud kuring: Bener 
kiwari jaman post modern, rasionalismeu lain pangbenerna. Tapi, naha 
kamacetan rek dianggap hiji hal nu lumrah, nu bener? Karusakan 
lingkungan? Korupsi? Garong ucang angge di parlemen? Kamiskinan nu 
masih ngahunyud? Jeung sawatara hal lianna nu ku alam pikiran post 
modernisme, sawatara aliran tasawuf, atawa (ukur) ku gaya "jagalah 
hati" nu didawamkeun Aa Gym, bisa dianggap wajar atawa "bener" pisan.

Hampura mun kuring masih ulin dina "wacana" nu "beurat" 
jeung "jugala" - oge klise. Tapi, pan eta nu disanghareupan ku urang 
teh lin? Langsung teu langsung pakait jeung urang? Naha rek terus 
diupahan ku "sugema mah aya dina hate"? Nyumput dina sikep toleran 
nu nyampak dina "post modernisme"? Dilawan ku kayakinan yen "dunya 
mah milik Yahudi jeung Nasrani. Milik urang mah aherat"?

Sigana kuring teu kudu ngabejerbeaskeun deui pakait pasoalan-
pasoalan "jugala" eta jeung kaayaan SDM Sunda nu kritis. Oge, jeung 
perkara miteskeun mitos-mitos nu nyampak. Kuring hayang langsung 
ngacaprukeun perkara  miteskeun mitos tadi. Khususna nu pakait 
jeung "adat ngahuma"  urang.

Ngan, saencan poho, alatan aya urang "huma" (milis) lain nanyakeun 
naon nu dimaksud budaya huma: Budaya huma di dieu nya adat-adatan, 
nu lahir tina hiji worldview, nu nyampak di urang Sunda alatan 
baheulana urang Sunda sok ngahuma. Lain nyawah. Alatan biasa 
ngahuma, nya urang Sunda sok sosoranganan bari api lain ka dulurna – 
sahumana-sahumana. Hartina, budaya huma enya historis lain mitos. 
Kuring make istilah mitos teh pedah bae eta titinggal teh teu 
mangpaat pikeun ngawujudkeun getih goib tea. Urang anggap euweuh 
bae. Sanajan, rumasa, eta judul teh rada pakojot jeung matak 
pakojot. Ongkoh dianggap euweuh, tapi rek dipiteskeun? Miteskeun 
naon? Atuh kitu mah lain miteskeun, malah ngahirupkeun? (Hususon ka 
MJ, hampura, mun posting kuring nu ti heula kakirim oge ka milis 
lian, di luar Kusnet jeung Ki Sunda). 

Masih ngeunaan sawah jeung huma: Ceuk cenah, mun teu salah inget, 
teknologi sawah karak datang ka urang abad 17. Aya nu nyebutkeun – 
di antarana Pramoedya Ananta Toer -- ti Mataram, mangsa ngajorag 
Batavia, nu ngabalukarkeun Dipati Ukur tiwas dihukum pati alatan 
dianggap basangkal ka Mataram. Aya oge nu nyebutkeun langsung ti 
Cina (Remy Silado, dina hiji sawala, mun teu salah dumasar kana 
pamanggih Graaf), mangsa Walanda ngimpor budak (gulang-gulang?) ka 
urang. Bareng jeung waluku, candu, oge kebon tiwu. Ari ti Mataram 
mah, cenah, bareng jeung undak-usuk basa, bendo citak, jeung 
tarawangsa.

Tah, pakait jeung adat-adatan, aya dua hal nu jadi "pikiran" kuring: 
Hiji, kasadaran urang kana "bebeneran" (nilai ideal atawa teuing 
naon ngaranna) nu aya dina adat eta. Ka dua, kamotekaran urang dina 
ngokolakeun warisan karuhun eta dina konteks kiwari? Katilu, nya 
ngalarapkeunnana. Nepi ka mana? Sabab, siga nu remen disodorkeun ku 
kuring: Urang lain bae sok apal cangkem, tapi remen dipepende ku 
kaendahan (rumpaka basa) nu nyampak dina adat nu aya. Urang neluh 
maneh ku "adat", ku worldview, ku artefak-artefak nu aya dina bawah 
sadar urang, ku DNA urang, yen urang mah jalma someah, hirupna repeh 
rapih, nyaah ka sasama, tawadu ka guru, resep mere maweh, jeung 
mitos-mitos sejenna. Na, bener urang geus kitu? Di mana bener urang 
geus ngalarapkeun eta adat, naha bener kudu kitu? Mun tea mah salah 
(dianggap ngahalang "kamajuan"), tapi geus jadi adat tea, geus DNA 
urang, naha DNA tadi teu bisa diobah? Pan urang boga akal, sakola, 
pamarentah, jste -- kaasup agama? Na teu bisa sakabeh lembaga eta 
ngarekayasa ulang DNA nu aya? Eta "tesis" kuring.

Perkara kumaha papalimpanganna antara kaendahan nu nyampak dina 
rumpaka "adat" jeung bukti nu aya, contona papagon atawa cecekelan 
nu dicarepeng ku sawatara "komunitas adat", nu ku kuring (tadina) 
dianggap Sunda nu leuwih otentik. Mun disederhanakeun, papagon-
papagon nu aya di aranjeunna teh nyoko kana tilu perkara: Hubungan 
jeung nu goib atawa nu Maha Goib, hubungan jeung papada manusa, 
hubungan jeung alam. Nu kabeh, intina, kudu hade, kudu harmonis. 
Pokona endah pisan. Buktina? Di luar perkara hubungan jeung nu Maha 
Goib, nu kuring teu wani ngomentaran; teu saeutik leuweung di 
sabudeureun eta komunitas adat bulistir, gunung batu nu 
ngalungkawing sopak alatan ditugaran terus. Teu saeutik pupuhu hiji 
komunitas pagetreng jeung wargana atawa pupuhu saencanna alatan 
marebutkeun...lahan parkir. Karuhan, nu "ngaboikot" kagiatan hiji 
upacara mah – alatan maranehna teu sapagodos jeung anjeunna. Atawa 
kadar "ngajaga" komara jeung wiwaha (baca: gengsi, ego) sewang-
sewangan mah – sakumaha nyampak di elite komunitas-komunitas Sunda 
nu "modern". Hampura mun siga nu nyanyahoanan. Da...

Mun "komunitas adat" sorangan geus kitu, ka mana jalma sekuler atawa 
jalma mantangul, urang kota siga urang, arek "ngeunteung", nyungsi 
alternatif, atawa ukur titirah, atawa kadar jadi turis – naha nu 
pasif atawa nu kreatif – reureuh tina karuwetan hirup di 
lingkungan "sekuler"? Sanajan, siga disebutkeun ku salah saurang 
aktivis nu leuwih tigin dina ngaping komunitas-komunitas adat nu 
aya, urang teu bisa nyalahkeun komunitas adat sagemblengna. Pon oge 
dina perkara lianna – kaasup tulisan MJ eta. Mun tea mah urang masih 
nyawalakeun eta tulisan. 


Kirim email ke