Aya anu kasohor di US nyaeta Cecep, Asep, Aden, Deden,.....Iskandar janten
Enday.....

On 12/11/07, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Aya oge anu Ucim sok dlandi Tinceu upami wengi  kumaha tah ?
> heuheuheu.....
>
> punten pami aya nami Kang Ucim..da ieu mah Ucim fabel..:)
> Kebo
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, December 11, 2007 10:35 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?
>
>
>
> Nambihan ah….Muhammad jantan Emuh, Maemunah janten Mae, Husna janten Uus,
> Siti Rodiah janten Erod, srrd.
>
> Dititenan teh nami Sunda teu aya tingkatanana, sapertos nu kapendak dina
> nami2 Jawa : Eka, Dwi, Tri, Catur, srrd. Paling nu pangageungna disebat
> Teteh, Eteh atanapi Ceuceu. Pami pameget pangageungna Aa, Akang, Aang. Nu
> bungsu remen dinamian Cucu boh istri boh pameget, boh murangkalih boh
> nini2/aki2, di lembur abdi seueur pisan namina Cucu geugeutna Ucu.  Nu
> ngabentenkeun teh nami panjang wungkul, eta ge pami aya pami henteu?
> ngalieurkeun batur.
> Emut waktos nuju di SMP di Wado…
> "Cu (Cucu Cahyati), nambut buku…"
> "Teu aya nuju ditambut ku Cucu Aisyah…"
> "Cucu Aisyah nu sok sasarengan sareng Cucu Komariah?"
> "Sanes, sareng Cucu Rokayah…"
>
> Salian ti Cucu nami nu tiasa dianggo ku istri & pameget (unisex) aya oge
> Endang… padahal bentenna mung tina ngucapkeun E-na wungkul tiasa katingali
> istri atanapi pameget. Da, wayah kiwari mah teu ilahar kedah nyurekan E dina
> nami atuh…
> Komo pami pendak sareng waria mah,
> "Kamu cantik deh…"
> "Endang, yuuuuuuukkk…" heheh…
>
> Dibandingkeun urang Sunda, urang Jawa langkung wantun nganamian putra2na
> sapertos dina tokoh2 pewayangan atanapi nami Dewa, contona : Bimo, Aryo,
> Dewangga, Gatot, Nakula & Sadewa dll. Kaleresan pun alo nu ramana urang Jawa
> dinamian Whisnu Abhiseka. Noong dina www.wayanggolek.net  (hatur nuhun ka
> Mang Asep nu di Batam) seueur pisan nami Sunda nu biasa dianggo contona,
> Rama, Sumantri, Yudistira, Dewi Nila Ningrum srrd.
>
> Mung nganamian murangkalih sapertos dina wayang mah kedah ningali heula,
> murangkalih teh pibakaleunana kumaha (istilahna mah, nganjang ka pageto
> sanes?), kedah ngukur ka ibu ramana oge. Moal nya atuh dinamian Arjuna nu
> kedahna gaduh pangawakan bangbang jangkung badag, ari pek teh pecekrek alit
> (ampun paralun, punten sanes ngece dadamelan Allah ieu mah…) Atanapi, budak
> sakasep-kasep dinamian Dawala…
> Emut ka pun biang sok hahariringan…Cepot, Dawala… kupat-kepot kanu
> bala…heuheu…
>
> Ro2
>
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 12/11/07 06:12AM >>>
> Anu kanapasan Arab oge aya..Zubaedah, Romlah, Barokah, Zadeh,Abdullah,
> Mulah..jrrd.
>
>
>
>  
>

Kirim email ke