Ngaran sunda mah lolobana make hurup "a"

mun di Jawa namina Toto, di sunda mah Tata
mun di sunda Nanang, tapi naha di Jawa mah lain Nonong nya ?
ah nya teuing atuh..

di lembur uing mah, aya jelma nu diaranan ku ngaran lauk...
Jeler (disebut Elenk), Betok (Atok.
Meni jiga euwuh ngaran deui wae.
Tapi teu aneh, da aya oge lauk anu diaranan ku ngaran jelma.
nyaeta Mujaer, da nu nimukeunana eta lauk nyaeta Pa Mujaer.

ah, nyaan ceuk Roro..
apalh arti sebuah nama. najan ngarana Nanang ge, angger we
disebutna mah Kang Ndoell.

hi hi


-dul-



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Nambihan ah*.Muhammad jantan Emuh, Maemunah janten Mae, Husna 
janten Uus, Siti Rodiah janten Erod, srrd.
> 
> Dititenan teh nami Sunda teu aya tingkatanana, sapertos nu 
kapendak dina nami2 Jawa : Eka, Dwi, Tri, Catur, srrd. Paling nu 
pangageungna disebat Teteh, Eteh atanapi Ceuceu. Pami pameget 
pangageungna Aa, Akang, Aang. Nu bungsu remen dinamian Cucu boh 
istri boh pameget, boh murangkalih boh nini2/aki2, di lembur abdi 
seueur pisan namina Cucu geugeutna Ucu.  Nu ngabentenkeun teh nami 
panjang wungkul, eta ge pami aya pami henteu? ngalieurkeun batur. 
> Emut waktos nuju di SMP di Wado*
> "Cu (Cucu Cahyati), nambut buku*"
> "Teu aya nuju ditambut ku Cucu Aisyah*"
> "Cucu Aisyah nu sok sasarengan sareng Cucu Komariah?"
> "Sanes, sareng Cucu Rokayah*"
> 
> Salian ti Cucu nami nu tiasa dianggo ku istri & pameget (unisex) 
aya oge Endang* padahal bentenna mung tina ngucapkeun E-na wungkul 
tiasa katingali istri atanapi pameget. Da, wayah kiwari mah teu 
ilahar kedah nyurekan E dina nami atuh*
> Komo pami pendak sareng waria mah,
> "Kamu cantik deh*"
> "Endang, yuuuuuuukkk*" heheh*
> 
> Dibandingkeun urang Sunda, urang Jawa langkung wantun nganamian 
putra2na sapertos dina tokoh2 pewayangan atanapi nami Dewa, contona
 : Bimo, Aryo, Dewangga, Gatot, Nakula & Sadewa dll. Kaleresan pun 
alo nu ramana urang Jawa dinamian Whisnu Abhiseka. Noong dina 
www.wayanggolek.net  (hatur nuhun ka Mang Asep nu di Batam) seueur 
pisan nami Sunda nu biasa dianggo contona, Rama, Sumantri, 
Yudistira, Dewi Nila Ningrum srrd.
> 
> Mung nganamian murangkalih sapertos dina wayang mah kedah ningali 
heula, murangkalih teh pibakaleunana kumaha (istilahna mah, nganjang 
ka pageto sanes?), kedah ngukur ka ibu ramana oge. Moal nya atuh 
dinamian Arjuna nu kedahna gaduh pangawakan bangbang jangkung badag, 
ari pek teh pecekrek alit (ampun paralun, punten sanes ngece 
dadamelan Allah ieu mah*) Atanapi, budak sakasep-kasep dinamian 
Dawala* 
> Emut ka pun biang sok hahariringan*Cepot, Dawala* kupat-kepot kanu 
bala*heuheu*
> 
> Ro2
> 
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 12/11/07 06:12AM >>>
> Anu kanapasan Arab oge aya..Zubaedah, Romlah, Barokah, 
Zadeh,Abdullah, Mulah..jrrd.
>


Kirim email ke