saenyana nu kosakecapna loba diwangun ku aksara /a/ aya seler sejen, nu
jigana leuwih dominan ti urang sunda, nyaeta urang banjar, nu dumuk di pulo
borneo. loba kapanasaran jeung basa banjar teh, utamana upama
dibanding-banding jeung basa sunda, sabab loba kosakecap nu sarua. contona
wae, urang banjar  nyebut seler manehna /urang banjar/ sarua jeung urang
sunda nyebut dirina /urang sunda/.

kunaon kuring boga asumsi, yen basa banjar leuwih dominan migunakeun aksara
/a/ tinimbang basa sunda? geura urang toong jiga kumaha polana:

indonesia / sunda / banjar
beras / beas / baras
keras / teuas / karas
lama / lawas / lawas
j.s.t.

katinggali nya, kecap nu dina basa sunda make /e/ jadi /a/ dina basa banjar
mah.
(mh)

=====
On 12/11/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ngaran sunda mah lolobana make hurup "a"
>
> mun di Jawa namina Toto, di sunda mah Tata
> mun di sunda Nanang, tapi naha di Jawa mah lain Nonong nya ?
> ah nya teuing atuh..
>
> di lembur uing mah, aya jelma nu diaranan ku ngaran lauk...
> Jeler (disebut Elenk), Betok (Atok.
> Meni jiga euwuh ngaran deui wae.
> Tapi teu aneh, da aya oge lauk anu diaranan ku ngaran jelma.
> nyaeta Mujaer, da nu nimukeunana eta lauk nyaeta Pa Mujaer.
>
> ah, nyaan ceuk Roro..
> apalh arti sebuah nama. najan ngarana Nanang ge, angger we
> disebutna mah Kang Ndoell.
>
> hi hi
>
> -dul-
>
>

Kirim email ke