Uing keur ngumbara di Banten mah, ngaran jelema teh aralus. Aya murid anu
ngaranna URHAK, ari pas ditanya ngaran indungna, cenah aranna: MA RUNTAH.
Ngaran bapana: BETON!
Eta budak ku babaturan nepi ka dicabok, da disangka ngaheureuykeun. Kabeneran
Pa Yadi, guru babaturan uing tea urang Cimahi.
Eta budak nepi ka ceurik, nyerieun hate. Ngajawab sabener-bener. Naha bet
dicabok ku Bapa cenah. Lamun teu percanten mah pek we tanyakeun ka Nini abdi.
Pa Yadi nanya deui, saha ngaran nini maneh?
Si Urhak ngajawab deui: SUMUR!
Deny Suwarja
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.