na geuning wastu teh, jiga anak babah. jigana iketna leuwih hade make kelir iket sunda, atawa iket bulao urang kanekes. (mh)
On 12/25/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ngobrol teh aya mung tujuhan kalebet sohibulbet Kang Abdulah Mustapa. > Dina ngobrol teh teu ragot, ngaguluyur we bari sakapeung gogonjakan. > Gogonjakan kolot tea seueur pikiraneunana. > Kang Irfan geus sadia conto karakter Wastu dina wangun gambar, aya dua anu > ditembongkeun. Enya rada pahibut teh dina warna, naha nu kumaha sabenerna > warna Sunda anu dominan, maksudna anu dominan jadi lambang mangsa harita. > Kang Abdulah mere beja cenah mah warna maroon, ngan inyana poho deui > disebutna dina basa Sunda. Detil asesoris anu sejen keur saheulaanan > disatujuan anu aya dina gambar. > Saterusna keur lajuning lakuna, minggu hareup rek nyieun heula jadwal > (time line) jeung jejer carita anu perlu dijadikeun cecekelan supaya > teu ngalantur kamana boa, teu kaliwat ngabahas hal dukungan ti hiji kepala > desa anu aya di Majalengka anu ngadeudeul kana ayana Wastu Project tea, anu > dimuat dina surat Pembaca di PR poe Rebo tanggal 19 Desember 2007, lain > nanaon sugan we ieu kades teh boga tutungkusan anu bisa mere gambaran Wastu, > sabab dina tulisanana siga nu boga referensi, suratna biasa dibaca di > http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritadetail&id=5163 > Sigana hiji waktu mah eta kades teh kudu ditepungan. > Sakitu paguneman hal Wastu, tah ieu gambarna ditangkodkeun. Bilih we aya > komentar, mangga diantos pisan. > > MSasmita > > > > > >

