Kang Kumi, Ua Sas oge baraya sadaya, Asana leuwih hade "Wastu". "Niskala" mah maknana rada ngaharib kana periode atawa fase geus nincak kasampurnaan, malahan leuwih luhur tina darajat "prabu" (Dina kosmologi Sunda dipikawanoh tilu tataran darajat: Raja, Ratu, Prabu).
Kaduana, ngaran "Niskala" geus rada kakiruhan ku, punten, sabagean tina kajadian ramana anu ngarempag salah sahiji larangan sepuhna (rara hulanjar (?) miistri wanoja anu tos gaduh papacangan, tur ti palih wetan. Sok sanajan, bisa wae satemenna, Prabu Dewa Niskala nalika miistri eta wanoja teh aya timbangtaraju kamanusaan jeung polits--kungsi kuring medar hal ieu dina postingan sababaraha taun ka tukang). Anapon "Wastu", bisa ngaguar mangsa anjeunna murangkalih nepi ka sawawa tug dilantikna (diwastu) jadi raja di Galuh - Sunda, ngaganti ramana, Prabu Wangi tea (jadi wae Siliwangi: ngagantikeun wawangi nu samemehna). Mangsa ti mimiti lahir nepi ka diwastu ieu nyadiakeun kabeungharan bahan keur eta buku komik. Bisa wae hal ieu dijadikeun formula eusining buku. Ceuk para ahli, cenah, nyieun buku atawa media lainna ditangtukeun ku dua unsur: formula jeung format. Format nuturkeun formula. Sedengkeun formula eta nyawana buku. Naon rupa anu bade dipilarian ku Ua Sas ka Majalengka jeung padungdengan samemehna sareng Kang Abdullah Mustapa saparakanca eta taya lian keur nyusun formula komik Wastu. Anapon anu dikritik ku Mh, eta salah sahiji tina bagean format buku. Formula Wastu kacida pentingna. Sabab anu ngaranna buku (carita) lamun geus sumebar tur jadi bacaan balarea, boh hade atawa goreng, baris jadi ingetan kolektif masyarakat. Dina derna, malah baris jadi rujukan tur teu saeutik anu jadi stereotif. Persis siga kasus carita Si Kabayan tea. Pamugi wae komik Wastu ngageuleuyeung jadi buku anu bisa ngadorong hiji hontalan budaya Urang Sunda khususna, bangsa Indonesia umumna. Upamana wae, model komik "Tsubasa" anu ngadorong bangsa Jepang ngahontal prestasi lumayan dina widang sepakbola. baktos, manAR --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Marun teh wulung tea kitu? > > Teras hiji deui, kapopohokeun wae, Ua. Ngeunaan ngaran, naha milih 'Wastu', > henteu 'Niskala', misalna. Aya kitu rujukanana? > > On 12/25/07, MSasmita wrote: > > > > Kang Irfan geus sadia conto karakter Wastu dina wangun gambar, aya > > dua anu ditembongkeun. Enya rada pahibut teh dina warna, naha nu kumaha > > sabenerna warna Sunda anu dominan, maksudna anu dominan jadi lambang mangsa > > harita. Kang Abdulah mere beja cenah mah warna maroon, ngan inyana poho deui > > disebutna dina basa Sunda. Detil asesoris anu sejen keur saheulaanan > > disatujuan anu aya dina gambar. > > > > > -- > sikandar >

