Hebat pisan kantun der...
  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 25, 2007 2:32 PM
  Subject: [Urang Sunda] Perkawis Wastu



  Ngobrol teh aya mung tujuhan kalebet sohibulbet Kang Abdulah Mustapa. Dina 
ngobrol teh teu ragot, ngaguluyur we bari sakapeung gogonjakan. Gogonjakan 
kolot tea seueur pikiraneunana.
  Kang Irfan geus sadia conto karakter Wastu dina wangun gambar, aya dua anu 
ditembongkeun. Enya rada pahibut teh dina warna, naha nu kumaha sabenerna warna 
Sunda anu dominan, maksudna anu dominan jadi lambang mangsa harita. Kang 
Abdulah mere beja cenah mah warna maroon, ngan inyana poho deui disebutna dina 
basa Sunda. Detil asesoris anu sejen keur saheulaanan disatujuan anu aya dina 
gambar.
  Saterusna keur lajuning lakuna, minggu hareup rek nyieun heula jadwal (time 
line) jeung jejer carita anu perlu dijadikeun cecekelan supaya teu ngalantur 
kamana boa, teu kaliwat ngabahas hal dukungan ti hiji kepala desa anu aya di 
Majalengka anu ngadeudeul kana ayana Wastu Project tea, anu dimuat dina surat 
Pembaca di PR poe Rebo tanggal 19 Desember 2007, lain nanaon sugan we ieu kades 
teh boga tutungkusan anu bisa mere gambaran Wastu, sabab dina tulisanana siga 
nu boga referensi, suratna biasa dibaca di 
http://beta.pikiran-rakyat.com/index.php?mib=beritadetail&id=5163
  Sigana hiji waktu mah eta kades teh kudu ditepungan.
  Sakitu paguneman hal Wastu, tah ieu gambarna ditangkodkeun. Bilih we aya 
komentar, mangga diantos pisan.

  MSasmita



   

Kirim email ke