Ngiring mairan
Kang Kumi, upami Niskala mah bilih pahili sareng Dewa Niskala. Dewa Niskala mah
pan putrana. Bandinganana
Niskala Wastu >> Raja Sunda Galuh, Siliwangi ka I
Dewa Niskala >> Raja Galuh wungkul, teu boga gelar Siliwangi, ngarumpak
"estri larangan ti kaluaran"
kitu meureun
firman
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Marun teh
wulung tea kitu?
Teras hiji deui, kapopohokeun wae, Ua. Ngeunaan ngaran, naha milih 'Wastu',
henteu 'Niskala', misalna. Aya kitu rujukanana?
On 12/25/07, MSasmita wrote:
Kang Irfan geus sadia conto karakter Wastu dina wangun gambar, aya dua anu
ditembongkeun. Enya rada pahibut teh dina warna, naha nu kumaha sabenerna
warna Sunda anu dominan, maksudna anu dominan jadi lambang mangsa harita. Kang
Abdulah mere beja cenah mah warna maroon, ngan inyana poho deui disebutna dina
basa Sunda. Detil asesoris anu sejen keur saheulaanan disatujuan anu aya dina
gambar.
--
sikandar
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com