Hatur nuhun ka MH sareng Kang Dim.
Spontanitas nu sapertos kieu nu dipiharep, kanggo bahan salajengna, evaluasi 
salajengna bade dilaksanakeun minggu ieu.
Gambar Wastu di publis munggaran ka Kusnet. Tangtos paningal ti MH sareng Kang 
Dim janten asupan.
Heu heu, siga anak babah....rada ditelek-telek asa enya, teras atuh eta 
karakter anu kasep liuh wibawa, tah ieu mah teu acan mendak tina kajian/ 
rujukan antropologis, tapi ari harepan aya, sugan we tiasa mendakan.
Numawi ieu teh sim kuring anu kapapancenan milarian rujukan, saur Kang Abdulah 
mah tiasa dibaca tina buku Ki Santjang kenging Olla S Sumarnaputra, bukuna aya 
mung teu acan kasiwer....he he...malum nu pangsiunan pakepuk ku ngahuleng tea.
Hatur nuhun pisan kana asupanana.

MSas

  ----- Original Message ----- 
  From: mh 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 25, 2007 3:52 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Perkawis Wastu
  na geuning wastu teh, jiga anak babah. jigana iketna leuwih hade make kelir 
iket sunda, atawa iket bulao urang kanekes. (mh)

  ----- Original Message ----- 
  From: Ahmad Dimyati 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 25, 2007 6:04 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Perkawis Wastu
  Punten ngiring mairan. Gaya gambar kieu (kapangaruhan ku gaya komik Jepang?) 
kirang ngebrehkeun profil harapan sang idola. Kasep, teduh, berwibawa sareng 
sajabina kedah tias kagambarkeun. Kumaha upami nganggo gaya gambar nu sanes 
(sapertos komik Ganes Th upamina)? Naha teu aya rujukan arkeologis atanapi 
antropologis kanggo anggoanana?

  A. Dimyati

   
   

Kirim email ke