Alaha..leres pisan Kang W..eta sagala Paribasa atanapi Kecap anu aya dina Basa Sunda teh geuningan mani cocog jeung kalakuan jelema ayeuna...tadi tea Paciwit2 Lutung, Tuturut Munding (ceuk Doel Sumbang mah kulantaran resep ka Munding), Kokolot Begog, Pang Akangna, Pang Aingna, Cul Dogdog tinggal Igel, Adean ku kuda beureum, Adigung, Sarakah, Keukeuh (nggeus jadi basa Indonesia), Gede Hulu, Api2 teu nyaho, Jalir jangji, jrrd
On 1/16/08, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cobi wae ma enya Gajih Rp10 jt/bln gaduh Asset nepi ka Rp 40 > > Milyar ??..... > > Hehehe ....tah didinya "ajaib"na urang Indonesia teh, Bah!, kreatif > dina sagala rupa. Kuring satuju jeung nu diserat Ki Ajip, dosa paling > gede pak Harto teh, nyaeta ngarusak mentalitas urang Indonesia, tepi > ka budaya korupsi nerekab dimana-mana, jeung dianggap > kalakuan "wajar". Ayeuna, rek naon wae, ti ngurus KTP, gering ka > Puskesmas, jatah raskin, kabeh aya unsur korupsina, kabeh kudu make > duit. Lamun teu make duit teu jalan. > > Tungtungna jadi buah simalakma. COntona lamun urang ngurus surat-surat > ti instansi. Lamun teu mere duit urusan jadi teu beres, ari ngiluan > teu saluyu jeung hate nurani, jeung ongkoh lebar deuih duitna ... > > Kaayaan di Indonesia ayeuna saluyu jeung kaheureuyan burudak: Paciwit- > ciwit lutung ......... > > Baktos, > WALUYA > > >

