ieu mah bade intermezzo heula... Upami urang ngemut deui ka sabaraha taun katukang nyaeta pas kajadian Reformasi sareng penggulingan Orde Baru. Kuring tumanya ka diri sorangan, naha mun teu aya krisis moneter di Indonesia, oknum2 orde baru oge sipat-sipat goreng orde baru moal bisa kabolekerkeun??? Beda memang jeung nagara lian, krisis moneter di Indonesia berujung ka krisis Politik. Naha bet bisa kitu, duka teuing....da jojol-jojol mahasiswa dararemo, tokoh2 reformis bermunculan sapertos Amien Rais, Gus Dur, Sri Bintang, sareng rea-rea deui. Bener2 kabeneran atau "kebetulan" pisan, naha teu ti taun 80-an maranehna teh "ngareformasi" Orba???? jigana, maranehna mangpaatkeun kondisi bangsa nu kacau jang ngoyagkeun pamarentah wanci harita. Jiga nu geus cape jeung alim kaluar tanaga deui, Pa Suharto lengser ku kahoyongna nyalira. Teu aya pertahanan ti Pa Suharto jang ngalanggengkeun posisina. Eta oge aya memang pertahanan ti Pa Suharto nu akhirna ngabalukarkeun ayana Kajadian "Tri Sakti" tea. Saprak reformasi eta, kabeh kabolekerkeun, kawas peristiwa Tanjung priok, "Ambiguitas" kajadian G 30 S PKI, Korupsi, Kolusi sareng Nepotisme. Naha tos reformasi teh Kaayaan kesejahteraan jadi langkung maju,,,duka teuing, da raraosan mah asa masih absurb atawa nge-"blur" keneh... Nya kahoyong mah mugi - mugi ayeuna teh nagara urang aya dina "progress" atawa jalan kana kajayaan atawa kamajuan. tapi sadayana balik deui ka diri masing - masing.... Nagara bakal maju mun rahayatna hayang maju jeung daek usaha. Singkirkeun sebisa mungkin, egoisme atawa hayang salamet sorangan. Nu Palinter sok bantuan nu barodo, nu Baleunghar sok bantuan nu mariskin. ulah tepi ka Nu Palinter jeung beunghar malah nincak, nyiksa nu barodo jeung mariskin. Angursi Silih bantuan jeung silih ngingetan.
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Salah salima panyawa teh korupsi. Tapi da ari korupsi mah ti jaman VOC keneh. Cek cenah, pangna VOC bangkrut teh, alatan pagawena korup. Pagawe bule cigana (make c nurutan urang kertabumi) da pagawe pribumi mah cigana moal bisa korupsi da levelna di handap pisan. Ari VOC teh pausahaan tapi jaman baheula mah gaduh tangtara. Tah, urang teh baheula kungsi dikawasa/dijajah ku pausahaan ngarana VOC. VOC bangkrut diakuisi pamarentah walanda (meureun disita kakayaanana, kaasup nusantara harita). Hihi, lieur musinganana, naha bet bisa, nusantara dikuasa/dijajah ku pausahaan? Ayeuna ge ciga kitu meureun. Dikuasa pausahaan luar. Cigana jadi nagara oge can anggeus. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56 Sent: Wednesday, January 16, 2008 3:16 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: SOEHARTO CEUK MANG AJIP..gawe nu can beres > MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Perkara "rusak mental" mah asana teh ti awit jaman > kamerdikaan keneh tos ngancik dina diri bangsa > Indonesia. Leres pisan Kang, ari cikal-bakalna mah ti saprakna revolusi, malah cenah ti jaman Jepang keneh, ngan gede-gedeanana mah di jaman Orba. Mungkin waktu jaman Orla masih loba keneh jalma nu idealis ditambah deui pangbibita kana "hedonismeu" teu siga di jaman orba jeung ayeuna. Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links --------------------------------- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.

