Keur sakola keneh, si kuring -surili rada kasep- kungsi dua taunan meunang beasiswa supersemar. Enya, eta ti yayasan supersemar, kecap eta ti surat perintah sebelas maret, nu teuing kamana surat aslina mah.
Nu munggaran gedena beasiswa 40 rebu/bulan, terus naek, poho deui, duka 50rb duka 60/bulan. Asana mah 50rebu/bulan da nu 60rb/bulan mah ti pt INTI. Dua taun we pokona meunang beasiswa supersemar teh. Tapi teu dua taun terus2an. harita mah meunang beasiswa teh gampang, ukur daptar -da ongkoh teu gede. Asana mah sarat sejen teh, kasep, sanajan saeutik. Hehe. Teu gede jeung teu picukupeun memang -komo pikeun hirup gaya di bdg, sanajan eta tah awal taun 90an. nu taun kadua, dirapel, asana harita teh 400rebuan. Dipake naon? Meuli gitar (atawa hitar, cek urang Kertabumi mah) lengkep jeung baju/bungkusna tina bahan oskar abu-abu hideung (kulit imitasi). Dina bajuna ditulisan ku spidol, "thank you for mr. president who gave me money to buy this sexy thing." Haha. babaturan deukeut nepi ka arapaleun kalimah eta. Soka dipake jang sumpah jabatan pikeun hiji tugas mun keur meunang proyek. Harita si kuring hayang boga kareueus ka presiden, ciga urang amrik ka presidena (kekecapan hade presiden amrik sok ditariru ku bangsana, siga john f kennedy tea, ciga "don't ask what your contry can do for you but ask what can you do for your contry). Presiden sukarno cigana loba ngucapkeun kalimah2 hade, ciga jangan lupakan sejarah (jas merah), beri aku sepuluh....maka....beri aku sepuluh pemuda maka ....(he love persisnya). Beres lulus sakola, joy jorojoy hayang tumarima. Nya ngirim surat ka yayasan supersemar, ngabejaan geus lulus bari nganuhunkeun, terus nulis oge, meungpeung can puguh gawe jeung teuing hayang jadi naon, nya rek mantuan program yayasan supersemar. Dibales, tangtu lain ku hms, tapi duka ku saha he love deui. Surat eta ngabejaan yen mun erek, sagancangna kudu datang ka tapos. Aya program pelatihan pikeun sarjana pendamping desa kitu, mun teu salah mah. Ngahuleng, kabisa ti sakola lain ngurus desa, tapi da ngurus gedong dikota. Haha. teu jadi tah datang ka tapos teh. Mun harita datang meureun jadi tukang angon sapi, jadi koboy tapos mun embung milu ka desa jadi sarjana pendamping desa tea. Sedih oge ari noong tapos dina tv, konglomerat nu dibaratik teh, nu teu sipitna mah...euweuh! bari jeung bangsa maranehna nu sok jadi korban mun nagri aya huru-hara. Kumaha atuh ieu teh. Butuh duitna, pangabisana, tapi sok jadi kambing hitam... Sikep jeung pikiran si kuring nu sejen ngeunaan presiden harita aya dina novel Epigram. -------- tah ayeuna mah urang ngadu'a we. upami bade teras angkat, mangga enggalkeun, upami bade damang, mangga sing damang deui. Ulah lami2 siga ayeuna. Sabab sby-jk jeung rahayat masih seueur keneh uruseun, sarupaning kedelai (solusi praktis pamarentah, bea masuk nol persen, hehe, padahal nu naekkeun harga kedele teh ongkosna, da bahan bakar mesin kapal barang naek oge pastina), minyak tanah nu diganti gas, tki, jaba cenah jakarta baris kabanjiran deui. Urang jabar rek milih gubernur anyar.

