Salah salima panyawa teh korupsi. Tapi da ari korupsi mah ti jaman VOC
keneh. Cek cenah, pangna VOC bangkrut teh, alatan pagawena korup. Pagawe
bule cigana (make c nurutan urang kertabumi) da pagawe pribumi mah cigana
moal bisa korupsi da levelna di handap pisan.

Ari VOC teh pausahaan tapi jaman baheula mah gaduh tangtara. Tah, urang teh
baheula kungsi dikawasa/dijajah ku pausahaan ngarana VOC. VOC bangkrut
diakuisi pamarentah walanda (meureun disita kakayaanana, kaasup nusantara
harita). Hihi, lieur musinganana, naha bet bisa, nusantara dikuasa/dijajah
ku pausahaan? Ayeuna ge ciga kitu meureun. Dikuasa pausahaan luar.

Cigana jadi nagara oge can anggeus. 



-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of waluya56
Sent: Wednesday, January 16, 2008 3:16 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: SOEHARTO CEUK MANG AJIP..gawe nu can beres

> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Perkara "rusak mental" mah asana teh ti awit jaman
> kamerdikaan keneh tos ngancik dina diri bangsa
> Indonesia. 

Leres pisan Kang, ari cikal-bakalna mah ti saprakna revolusi, malah 
cenah ti jaman Jepang keneh, ngan gede-gedeanana mah di jaman Orba. 
Mungkin waktu jaman Orla masih loba keneh jalma nu idealis ditambah 
deui pangbibita kana "hedonismeu" teu siga di jaman orba jeung ayeuna.

Baktos,
WALUYA 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links




Kirim email ke