Nginjeum istilah Mj, nagara anu can anggeus, reformasi ge kitu. 
Reformasina wae can anggeus. Diantara anu can anggeus, anu sabenerna 
kudu diheulakeun pisan nyaeta reformasi sistem birokrasi, tina anu 
salila ieu korup kudu jadi nyangking (ber) prestasi. 

Ti jaman orba nepi ka ayeuna, prestasi henteu atawa kurang dihargaan 
di lingkungan pagawe negeri atawa birokrasi. Naekna pangkat atawa 
jabatan pns lain ku prestasi, tapi ku dp3 (jeung: umur, hahaha) anu 
cara nganileina pohara subyektifna, teu aya ukuran kuantitatifna. Ieu 
anu sakuduna diheulakeun direformasi. Sigana, kabinet sanggeus 
presiden SBY engke, geus meujeuhna pisan diarana jeung mawa 
konsep "Orde Prestasi".

manAR



 

--- In [email protected], netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ieu mah bade intermezzo heula...
> Upami urang ngemut deui ka sabaraha taun katukang nyaeta  pas 
kajadian Reformasi sareng penggulingan Orde Baru. Kuring tumanya ka 
diri sorangan, naha mun teu aya krisis moneter di Indonesia, oknum2 
orde baru oge sipat-sipat goreng orde baru moal bisa  
kabolekerkeun??? 
> Beda memang jeung nagara lian, krisis moneter di Indonesia berujung 
ka krisis Politik. Naha bet bisa kitu, duka teuing....da jojol-jojol 
mahasiswa dararemo, tokoh2  reformis bermunculan sapertos Amien Rais, 
Gus Dur, Sri Bintang, sareng rea-rea deui. Bener2 kabeneran 
atau  "kebetulan" pisan, naha teu ti taun 80-an maranehna 
teh "ngareformasi" Orba????
> jigana, maranehna mangpaatkeun kondisi bangsa nu kacau jang 
ngoyagkeun pamarentah wanci harita. 
> Jiga nu geus cape jeung alim kaluar tanaga deui, Pa Suharto lengser 
ku kahoyongna nyalira. Teu aya pertahanan ti Pa Suharto jang 
ngalanggengkeun posisina. Eta oge aya memang pertahanan ti Pa Suharto 
nu akhirna ngabalukarkeun ayana Kajadian "Tri Sakti" tea.
> Saprak  reformasi eta, kabeh kabolekerkeun, kawas peristiwa Tanjung 
priok, "Ambiguitas" kajadian G 30 S PKI,  Korupsi,  Kolusi sareng 
Nepotisme.
> Naha tos reformasi teh Kaayaan kesejahteraan jadi langkung 
maju,,,duka teuing, da raraosan mah asa masih absurb atawa nge-"blur" 
keneh...
> Nya kahoyong mah mugi - mugi ayeuna teh nagara urang aya 
dina "progress" atawa jalan kana kajayaan atawa kamajuan.
> tapi sadayana balik deui ka diri masing - masing....
> Nagara bakal maju mun rahayatna hayang maju jeung daek usaha.  
Singkirkeun sebisa mungkin,  egoisme  atawa hayang salamet sorangan. 
Nu Palinter sok bantuan nu barodo, nu Baleunghar sok bantuan nu 
mariskin. ulah tepi ka Nu Palinter jeung beunghar malah nincak, 
nyiksa nu barodo jeung mariskin.
> Angursi Silih bantuan jeung silih ngingetan. 
> 
> mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
>  Salah salima panyawa teh korupsi. Tapi da ari korupsi mah ti jaman 
VOC
>  keneh. Cek cenah, pangna VOC bangkrut teh, alatan pagawena korup. 
Pagawe
>  bule cigana (make c nurutan urang kertabumi) da pagawe pribumi mah 
cigana
>  moal bisa korupsi da levelna di handap pisan.
>  
>  Ari VOC teh pausahaan tapi jaman baheula mah gaduh tangtara. Tah, 
urang teh
>  baheula kungsi dikawasa/dijajah ku pausahaan ngarana VOC. VOC 
bangkrut
>  diakuisi pamarentah walanda (meureun disita kakayaanana, kaasup 
nusantara
>  harita). Hihi, lieur musinganana, naha bet bisa, nusantara 
dikuasa/dijajah
>  ku pausahaan? Ayeuna ge ciga kitu meureun. Dikuasa pausahaan luar.
>  
>  Cigana jadi nagara oge can anggeus. 
>  
>  -----Original Message-----
>  From: [email protected] 
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On
>  Behalf Of waluya56
>  Sent: Wednesday, January 16, 2008 3:16 PM
>  To: [email protected]
>  Subject: [Urang Sunda] Re: SOEHARTO CEUK MANG AJIP..gawe nu can 
beres
>  
>  > MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@> wrote:
>  > Perkara "rusak mental" mah asana teh ti awit jaman
>  > kamerdikaan keneh tos ngancik dina diri bangsa
>  > Indonesia. 
>  
>  Leres pisan Kang, ari cikal-bakalna mah ti saprakna revolusi, 
malah 
>  cenah ti jaman Jepang keneh, ngan gede-gedeanana mah di jaman 
Orba. 
>  Mungkin waktu jaman Orla masih loba keneh jalma nu idealis 
ditambah 
>  deui pangbibita kana "hedonismeu" teu siga di jaman orba jeung 
ayeuna.
>  
>  Baktos,
>  WALUYA 
>  
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>   
>  Yahoo! Groups Links
>  
>  
>      
>                                
> 
>        
> ---------------------------------
> Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.
>


Kirim email ke