Assalamu'alaikum wr wb.
Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar acara Musyawarah Besar dan 
Reuni Akbar Ikatan Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus Dipati 
Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 
20 Januari di Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung, "one person 
one vote". Sim kuring salaku Ketua Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong 
ku para inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun kang Burhanuddin 
Abdullah, Gubernur Bank Indonesia, nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), 
nu oge alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA Unpad periode 
2008-2011. Anjeuna tos kersaeun. Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu 
kedah diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na. Sanes tuturut munding 
ka IA ITB nu milih Hatta Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring 
saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung ku IKA Unpad pikeun 
ngaronjatkeun peran jeung sumbangan Unpad lan IKA
 Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara. 
Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu babakan sim kuring umajak mangga 
sumping sareng pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20 JANUARI 2008 DI 
AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna 
mangga sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan wungkul panginten tabuh 
09.00 ge cekap. Diantos pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur 
nuhun.

Baktos,
Ahmad Dimyati
NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara nu can anggeus, kedele 
sareng sajabina ti eta ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke