wilujeng ka sadaya rengrengan panata calagra IKA UNPAD nu bade ngayakeun MUBES 
sareng Reuni...
hanjakal si kuring kartu IKA UNPAD-na kedah dikorehan heula di saung butut...
kartu teh tara dibabawa dina saku dompet, jadi we kedah dikorehan heula...
bongan kartuna teu laku digesekkeun di super market heuheuheu... 
hapunten ah, heureuy ketang... eta mah pedah we teu gaduh kartu gesek 
heuheuheu...

sapuklah, sapagodos : Kang Burhan janten ketua IKA UNPAD... 
nga-vote ti kajauhan kaci teu nya ?!



^_^
alumni 98
dicap ku tanda tangan Pak H.A. Himendra Wargahadibrata sareng Pak Usman Hardi



  ----- Original Message ----- 
  From: Ahmad Dimyati 
  Subject: [Urang Sunda] Nyalonkeun Dr Burhanuddin Abdullah kanggo Ketua Umum 
IKA Unpad



  Assalamu'alaikum wr wb.
  Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar acara Musyawarah Besar dan 
Reuni Akbar Ikatan Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus Dipati 
Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 
20 Januari di Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung, "one person 
one vote". Sim kuring salaku Ketua Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong 
ku para inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun kang Burhanuddin 
Abdullah, Gubernur Bank Indonesia, nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), 
nu oge alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA Unpad periode 
2008-2011. Anjeuna tos kersaeun. Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu 
kedah diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na. Sanes tuturut munding 
ka IA ITB nu milih Hatta Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring 
saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung ku IKA Unpad pikeun 
ngaronjatkeun peran jeung sumbangan Unpad lan IKA Unpad ka masyarakat, bangsa 
jeung nagara. 
  Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu babakan sim kuring umajak 
mangga sumping sareng pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20 JANUARI 
2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami bade ngiring senam sareng acara lomba 
sanesna mangga sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan wungkul 
panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos pisaaaan kasumpinganana sareng 
pangrojongna. Hatur nuhun.

  Baktos,
  Ahmad Dimyati
  NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara nu can anggeus, kedele 
sareng sajabina ti eta ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.


  . 
   

Kirim email ke