Alaikumsalam wr.wb.
Ieu mah usul nya, kumargi tangtos moal sadaya alumnus tiasa sarumping,
hoyongna mah hoyong mung jalaran masalah waktos sareng tebih, utamina kangge
anu nuju di luar nagara. Kumaha upami disayogikeun pulling ol we kituh?? Hatur
nuhun, baktos aki tams alumnus FE 1983.
Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb.
Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar acara Musyawarah Besar dan
Reuni Akbar Ikatan Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus Dipati
Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad
20 Januari di Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung, "one person
one vote". Sim kuring salaku Ketua Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong
ku para inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun kang Burhanuddin
Abdullah, Gubernur Bank Indonesia, nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?),
nu oge alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA Unpad periode
2008-2011. Anjeuna tos kersaeun. Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu
kedah diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na. Sanes tuturut munding
ka IA ITB nu milih Hatta Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring
saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung ku IKA Unpad pikeun
ngaronjatkeun peran jeung sumbangan Unpad lan IKA Unpad ka masyarakat,
bangsa jeung nagara.
Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu babakan sim kuring umajak mangga
sumping sareng pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20 JANUARI 2008 DI
AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna
mangga sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan wungkul panginten tabuh
09.00 ge cekap. Diantos pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur
nuhun.
Baktos,
Ahmad Dimyati
NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara nu can anggeus, kedele
sareng sajabina ti eta ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.