Kuring nuju resep "nyanyi" migunakeun nada-nada
"miring". Ceuk cenah nada anu dinaekkeun atanapi
diturunkeun 1/2 nada teh, pamanis hiji lagu.
Janten hapunten, upami "kawih" si kuring rada fals.
Di Endonesia, ayeuna standar gaji PNS anu pang
ageungna, nya padamel BI, anu ngurus paduitan
nagara(ceuk kang Tirta). aya batur kuring sami-sami
masantren di masigit Salman, janten salah sahiji
direktur senior BI. Kapungkur kantos pendak di Lombok,
anjeunna tugas di Mataram, kuring janten "kuli" di
hiji LSM asing (Kanada) di Mataram. Tatangga sapalih
bumi kuring, damel di BI. Ceuk cenah, upama tos
ditampi damel BI, urang teh cekap ngajinjing hiji
koper sareng ngagandeng istri. Bumi sareng parabotan
eusina disayagikeun ku BI.
aya dongeng salah sawios rerencangan anu ditampi
janten padamel BI, tugasna nyayogikeun katuangan
sadidinten Gubernur BI. Saurna teh cenah, waragad
kanggo tuangna 2 juta sadintenna. (bandingkeun sareng
"uang makan" gupernur Jawa Barat anu dianggarkeun di
APBDna mung 300 rebu sadinten. kantos di postingkeun
di milis ieu sababaraha taun kapengker).
BI teh hiji lembaga anu independen anu ngatur moneter,
teu aya katergantungan ka pamarentahan,pan diatur
nyalira dina hiji undang-undang BI. Tapi kumargi
independen tea, jadi sarwa rahasia. Kawenangan BI
diantawisna nyaeta nangtoskeun rezim nilai tukar
(rupiah), mengambang terkendali (managed floating)
atanapi rezim nilai tukar mengambang bebas (free
float).
Jigana karakter BI, tos janten ngadarah daging ka Pa
Burhanuddin Abdullah (alumni Michigan State
University, benten sareng Michigan University).
Untungna, mudah-mudahan atuh standar kasejahteraan BI
dilarapkeun ka IKA Unpad sareng ka Unpad. Rugelna,
sipat-sipat sarwa rahasia tong dicacandak ka
lingkungan akademis.
baktos,
mrachmat uidipura
can ngaraosan rezim komo deui rajam
--- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wroae:
> Assalamu'alaikum wr wb.
> Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar
> acara Musyawarah Besar dan Reuni Akbar Ikatan
> Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus
> Dipati Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan
> Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 20 Januari di
> Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung,
> "one person one vote". Sim kuring salaku Ketua
> Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong ku para
> inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun
> kang Burhanuddin Abdullah, Gubernur Bank Indonesia,
> nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), nu oge
> alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA
> Unpad periode 2008-2011. Anjeuna tos kersaeun.
> Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu kedah
> diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na.
> Sanes tuturut munding ka IA ITB nu milih Hatta
> Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring
> saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung
> ku IKA Unpad pikeun ngaronjatkeun peran jeung
> sumbangan Unpad lan IKA
> Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara.
> Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu
> babakan sim kuring umajak mangga sumping sareng
> pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20
> JANUARI 2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami
> bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna mangga
> sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan
> wungkul panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos
> pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur
> nuhun.
>
> Baktos,
> Ahmad Dimyati
> NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara
> nu can anggeus, kedele sareng sajabina ti eta
> ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.
>.
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping