Punten ah koreksi sakedik ..Padamel BI sanes PNS dina hartosan anu aya
Golngan I dugi ka IV tea.... tapi padamel BUMN atanapi BHMN anu jenjangna
mirip PNS  tapi kompensasi dasar sareng konsepsina benten pisan......

On 1/18/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kuring nuju resep "nyanyi" migunakeun nada-nada
> "miring". Ceuk cenah nada anu dinaekkeun atanapi
> diturunkeun 1/2 nada teh, pamanis hiji lagu.
> Janten hapunten, upami "kawih" si kuring rada fals.
>
> Di Endonesia, ayeuna standar gaji PNS anu pang
> ageungna, nya padamel BI, anu ngurus paduitan
> nagara(ceuk kang Tirta). aya batur kuring sami-sami
> masantren di masigit Salman, janten salah sahiji
> direktur senior BI. Kapungkur kantos pendak di Lombok,
> anjeunna tugas di Mataram, kuring janten "kuli" di
> hiji LSM asing (Kanada) di Mataram. Tatangga sapalih
> bumi kuring, damel di BI. Ceuk cenah, upama tos
> ditampi damel BI, urang teh cekap ngajinjing hiji
> koper sareng ngagandeng istri. Bumi sareng parabotan
> eusina disayagikeun ku BI.
> aya dongeng salah sawios rerencangan anu ditampi
> janten padamel BI, tugasna nyayogikeun katuangan
> sadidinten Gubernur BI. Saurna teh cenah, waragad
> kanggo tuangna 2 juta sadintenna. (bandingkeun sareng
> "uang makan" gupernur Jawa Barat anu dianggarkeun di
> APBDna mung 300 rebu sadinten. kantos di postingkeun
> di milis ieu sababaraha taun kapengker).
>
> BI teh hiji lembaga anu independen anu ngatur moneter,
> teu aya katergantungan ka pamarentahan,pan diatur
> nyalira dina hiji undang-undang BI. Tapi kumargi
> independen tea, jadi sarwa rahasia. Kawenangan BI
> diantawisna nyaeta nangtoskeun rezim nilai tukar
> (rupiah), mengambang terkendali (managed floating)
> atanapi rezim nilai tukar mengambang bebas (free
> float).
>
> Jigana karakter BI, tos janten ngadarah daging ka Pa
> Burhanuddin Abdullah (alumni Michigan State
> University, benten sareng Michigan University).
> Untungna, mudah-mudahan atuh standar kasejahteraan BI
> dilarapkeun ka IKA Unpad sareng ka Unpad. Rugelna,
> sipat-sipat sarwa rahasia tong dicacandak ka
> lingkungan akademis.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura
> can ngaraosan rezim komo deui rajam
>
> --- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] <a_dimyathi%40yahoo.com>> wroae:
>
> > Assalamu'alaikum wr wb.
> > Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar
> > acara Musyawarah Besar dan Reuni Akbar Ikatan
> > Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus
> > Dipati Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan
> > Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 20 Januari di
> > Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung,
> > "one person one vote". Sim kuring salaku Ketua
> > Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong ku para
> > inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun
> > kang Burhanuddin Abdullah, Gubernur Bank Indonesia,
> > nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), nu oge
> > alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA
> > Unpad periode 2008-2011. Anjeuna tos kersaeun.
> > Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu kedah
> > diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na.
> > Sanes tuturut munding ka IA ITB nu milih Hatta
> > Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring
> > saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung
> > ku IKA Unpad pikeun ngaronjatkeun peran jeung
> > sumbangan Unpad lan IKA
> > Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara.
> > Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu
> > babakan sim kuring umajak mangga sumping sareng
> > pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20
> > JANUARI 2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami
> > bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna mangga
> > sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan
> > wungkul panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos
> > pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur
> > nuhun.
> >
> > Baktos,
> > Ahmad Dimyati
> > NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara
> > nu can anggeus, kedele sareng sajabina ti eta
> > ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.
> >.
>
> __________________________________________________________
> Looking for last minute shopping deals?
> Find them fast with Yahoo! Search.
> http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
> 
>

Kirim email ke