Beja ngeunaan cocogna organ babi keur dicangkokkeun di manusa mah geus lila. Waktu kuliah, dosen kimia bioanorganik nu Tionghoa kungsi nyarita, boa ieu nu jadi sabab urang Islam diulahkeun dahar babi, sabab babi bisa mere mangpaat leuwih jero: jang cangkok organ! Kuring ukur ngabelenyeh... Da memang heueuh, haram soteh didahar, ari ditaplokkeun mah henteu, sugan...
Lebah tulisan hasil kloningna, rada heran, sabab cenah babi nu hiji kapaksa dipaehan pikeun diala DNA-na. Walah kacipta, lamun memang pikeun ngala DNA urang kudu nelasan mangkelukna. Tempat kuring gawe boga koleksi rebuan DNA manusa ti rupa2 bangsa di Indonesia, tapi sumpah, teu saurang oge aya nu ditelasan. Disedot getihna 3-7 milileter ge tos cekap... On 1/18/08, waluya56 wrote: > > Beja leuir, tina Kompas 28 Desember 2007. Beja ieu ngabejakeun, > ilmuwan Korea geus bisa ngalakukeun kloning babi. Sabenerna beja teu > pati aneh, ngan nu matak kaget teh maksud kloning ieu, rek > numuwuhkeun Babi nu organ awakna bisa digunakeun ku jelema! Beu, > lamun bener teh bakal jadi kontroversi "panjang" deui, pangpangna di > Dunya Islam jeung urang Yahudi nu ngaharamkeun ngadahar Babi. > > Empat anak babi hasil kloning sel induk tersebut "dilahirkan" 3 > Desember lalu. Seekor anak babi harus dibunuh guna diambil rantai > DNA (deoxyribo nucleic acid)-nya untuk dianalisis. Seekor babi > lainnya mati ketika sedang diberi makan dan dua ekor lainnya tumbuh > dengan baik. >

