Muhun kang, 

Salah saurang Ahli Pangan, FG.Winarno nyebatkeun cenah
babi teh media nu pang cocogna pikeun peristiwa mutasi
genetik.
Hartosna diantawis media sanes, babi anu paling
pleksible teh, cenah.

Ieu mah lamun....
Lamun monyet kajadian gen na mutasi, tangtuna bisa
berobah meureun moal jadi monyet wungkul.
Lamun negatif hasilna, meureun jadi monyet goreng, 
tapi lamun positif mutasi na, eta si monyet aya
kamungkinan bisa jadi siga manusa meureun... heu heu

Tah....lamun manusa ??
Apanan urang teh tos dina Al qur'an tos disebatkeun
yen saenyanamah manusa teh "ahsani taqwiem" makhluq nu
pang luhurna, nu sampurna (leres kang Ihin..?) lamun
barobah teh palaur jadi "asfala safilin" 

Padahal dina industri kadaharan, lemak babi misalna
kaasup punjul kusabab :
1. Hargana langkung mirah batan lemak sanes
2. Proses produksina langkung gampil
3. Katengikan-na langkung lami (janten masa
kadaluarsana oge langkung lami)
4. jrrd

Jadi.... nu matak ulah sok ngalamun nya !
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Beja ngeunaan cocogna organ babi keur dicangkokkeun
> di manusa mah geus lila.
> Waktu kuliah, dosen kimia bioanorganik nu Tionghoa
> kungsi nyarita, boa ieu
> nu jadi sabab urang Islam diulahkeun dahar babi,
> sabab babi bisa mere
> mangpaat leuwih jero: jang cangkok organ! Kuring
> ukur ngabelenyeh... Da
> memang heueuh, haram soteh didahar, ari ditaplokkeun
> mah henteu, sugan...
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke