--- In [email protected], Solihat Pasundan 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tos tong nyiggung babi, haram tidituna. Ieu mah tos sunnatullah.
> Teu aya alesan anu kedah diguar deui. Babi Haram. Stp.

Leres ari kituna mah, haramna babi teu bisa diganggu-gugat. Ngan nu 
masalah lamun wae memang leres organ babi hasil kloning bisa 
dimanfaatkeun keur kasehatan manusa. Kira-kirana kenging henteu?

Kang Dian nyebatkeun, peryogi oge ningali pertimbangan kulantaran 
kaayaan walurat (Darurat), jadi babi nu haram oge jadi halal. SIga 
kalaparan dileuweung, nu aya ngan daging bagong wungkul, nya mangga 
dihekak oge, tinimbang maot kalaparan.

Tapi tetep aya hiji masalah sanajan dihalalkeun make alesan darurat. 
Lamun wae engke jaga, organ babi hasil kloning teh, jadi hal nu ilahar 
keur ngaganti organ manusa anu rusak. Kenging henteu "beternak" babi 
kloning? Lamun teu kenging, meureun ngagantung pisan ka nagara sejen, 
hargana jadi mahal.

Ieu tantangan keur umat Muslim kahareup, nya mudah-mudahan we katimu 
deui sato salian ti babi, nu organna bisa dimanfaatkeun keur manusa, 
ngarah henteu jadi kontroversi.


Baktos,
WALUYA






Kirim email ke