sampurasun
samemeh mairan, kuring ngajentrekeun heula tujuan kuring mairan teh: " piken 
nambahan silaturahmi + kahadean.
sual kuanon babi haram kuring kungsi tatanya kamana-mendi, maca kitab/buku/ 
komik oge..he..he.."

tungtungna kuring manggihan jawaban nu matak ngagedekeun hate kuring, matak 
leuwih deukeut ka "sobat" kuring.
kieu geura: kuanon "sobat" kuring ngawagel/ngaharamkeun daging babi?" salah 
sahiji jawabanana nyaeta "pedah 'sobat' kuring maha mikaasih ka kuring" (lain 
ka kuring wae tangtuna oge...ka kang Kumi pang nyaaheunana, ka kang Dian pang 
nyahaaheunana pisan, ka saha wae oge..).

meni citil kitu, basajan pisan????  (urang tangtu geus teu bireuk deui kumaha 
rohakana alam 'digital', padahal jero2-na mah digital teh basajan pisan ngan 
diwakilan ku dua angka '0' jeung '1').


cag!
sonirosa
www.bolotot.com
  ----- Original Message ----- 
  From: Dian Nugraha 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, January 18, 2008 2:30 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] OOT : Organ Babi bisa dipake jelema?


  Ngeunaan ieu, anu kedah ditimbang ku ulama teh perkawis: najisna babi vs. 
kaayaan darurat.

  Salam,
  Dian.

  On 18/01/2008, kumincir < [EMAIL PROTECTED]> wrote: 
  Beja ngeunaan cocogna organ babi keur dicangkokkeun di manusa mah geus lila. 
Waktu kuliah, dosen kimia bioanorganik nu Tionghoa kungsi nyarita, boa ieu nu 
jadi sabab urang Islam diulahkeun dahar babi, sabab babi bisa mere mangpaat 
leuwih jero: jang cangkok organ! Kuring ukur ngabelenyeh... Da memang heueuh, 
haram soteh didahar, ari ditaplokkeun mah henteu, sugan...




   

Kirim email ke