Waaah kang Waluya ulah make pola "subtitusi atuh", mun gede wawanen, jawara terus teu jalan uteukna. Conto Banten jeung Priangan asana mah jadi teu pas da dasar mikirna "substitusi". "Bias" sabab logikana mun leber/gede wawanen jadi ngaleungitkeun "perhitungan". Komo lumpatna kana ngamuk, his naha bet kadinya?
Ayeuna urang make conto ekstrim, naha waktu Badigul-Rancamaya kabuyutan karuhun dipacul, Batutulis digali taneuhna teu aya urang sunda nu luhung didikanana, teu aya urang sunda nu palinter? Mun enya urang sunda nu palalinter boga perhitungan atawa strategi, eta perhitungan/strategi naon nepi ka tapak2 karuhun diancurkeun kitu? Tetep kuring mah boga kayakinan yen syarat nyieun generasi sunda unggul lian ti perlu uteuk oge kudu boga wawanen. Komo boga pangalaman sorangan, enya ge gawe teh kudu make uteuk tapi tetep we loba jalma nu nyoba-nyoba narabas ngirim preman2 seler sejen nu mitos jago kekerasan tea. Disidik-sidik cenah pedah kuring urang sunda priangan nu kecingan, epes meer, bisa diteror fisik. Beu! Keur conto "non fisik" di Departemen tempat kuring gawe pang babarina dimutasikeun teh urang sunda, sabab rek ka nu pang singkurna ge tara aya nu protes, padahal teu kurang pinter bageurna. Hasilna, di tatar sunda nepi ka detik ieu pagawe2 nu nyekel eselon2 lolobana seler sejen, urang sundana mah keur saeutik teh mencar di tempat2 singkur. Salah sahiji faktor nyaeta kurang wawanen, nampa wae padahal ceuk kuring mah kaasup dianiaya, teu adil. Faktor lain nya eta urang sunda mah sok sosoranganan, tapi ieu mah topik lain. Asana ngan tinggal urang nu loba kaera ngagorowokeun "putera daerah".....gede kaera atawa teu boga wawanen? Urang sunda nu palalinter mah teu saetik sanes? JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, January 23, 2008 10:26:20 PM Subject: Re: Gede Wawanen Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, euy! > From: Jalak Pakuan > Teu salah oge nu heuras bales ku heuras atawa meh teu diheurasan urang > kudu heuras. Ieu lumpatna kana sikep keur nu > boga wawanen, sikep teu epes meer. Stereotip? Duka teuing... da kuring mah > percaya "survival for the fittest". Lamun teu > aya revoluasi sikep > sigana urang sunda teu beda jeung urang Indian di Amrik oge Aborigin di > Ostrali. Sigana kudu ditempo heula, saha anu rek dilawanna. Sabab ngalawan terus, sabenerna goreng oge. Urang Indian tepika ampir beak di Amerika (khususna di Amerika Serikat) kulantaran gede teuing wawanenna. Urang Indian ngalawan terus, nya tungtungna jadi ludes. Ari urang Aborigin mah, ngalawan mah henteu/ kurang, ngan kulantaran masih primitif pisan, hukum alam ......... kadeseh. Di Indonesia, Urang Banten, wawanenna gede. Ku kasohorna gede wawanen, tepika kecap banten, jadi salah sahiji kelas dina tanding tinju, Bantam. Tapi nya kitu, kulawan ngalawan terus, teu eureun-eureun, daerah Banten malah teu diwangun ku Walanda. Ieu beda jeung di Priangan, nu relatif leuwih nurut ka Walanda, infrastrukturna diwangun, jalma-jalmana dididik. Tepi ka urang Priangan relatif leuwih mararaju dina tingkat pendidikan. Waktu Indonesia merdeka, jeung geus aman, tangtu we nu diperlukeun teh jalma nu boga pendidikan lain para jawara. Kitu deui Aceh, nu ngalawan terus, dina segi heroik mah enya, ngan akibatna daerahna jadi tinggaleun ti daerah sejen (eleh ku Sumut, nu baheula mah malah urut perkebunan walanda). Kacindekanana? Leber wawanen perlu, ngan kudu make perhitungan, ulah asal ngamuk ...... [NB. Ngamuk, hiji perilaku khas Ras Malayu. Nu kuat "melayuna", siga etnik2 di Sulawesi, etnik Madura, etnik Sasak .....kawentar tukang ngamuk teu puguh2] Baktos, WALUYA ____________________________________________________________________________________ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

