> From: Jalak Pakuan > Teu salah oge nu heuras bales ku heuras atawa meh teu diheurasan urang > kudu heuras. Ieu lumpatna kana sikep keur nu > boga wawanen, sikep teu epes meer. Stereotip? Duka teuing... da kuring mah > percaya "survival for the fittest". Lamun teu > aya revoluasi sikep > sigana urang sunda teu beda jeung urang Indian di Amrik oge Aborigin di > Ostrali.
Sigana kudu ditempo heula, saha anu rek dilawanna. Sabab ngalawan terus, sabenerna goreng oge. Urang Indian tepika ampir beak di Amerika (khususna di Amerika Serikat) kulantaran gede teuing wawanenna. Urang Indian ngalawan terus, nya tungtungna jadi ludes. Ari urang Aborigin mah, ngalawan mah henteu/ kurang, ngan kulantaran masih primitif pisan, hukum alam ......... kadeseh. Di Indonesia, Urang Banten, wawanenna gede. Ku kasohorna gede wawanen, tepika kecap banten, jadi salah sahiji kelas dina tanding tinju, Bantam. Tapi nya kitu, kulawan ngalawan terus, teu eureun-eureun, daerah Banten malah teu diwangun ku Walanda. Ieu beda jeung di Priangan, nu relatif leuwih nurut ka Walanda, infrastrukturna diwangun, jalma-jalmana dididik. Tepi ka urang Priangan relatif leuwih mararaju dina tingkat pendidikan. Waktu Indonesia merdeka, jeung geus aman, tangtu we nu diperlukeun teh jalma nu boga pendidikan lain para jawara. Kitu deui Aceh, nu ngalawan terus, dina segi heroik mah enya, ngan akibatna daerahna jadi tinggaleun ti daerah sejen (eleh ku Sumut, nu baheula mah malah urut perkebunan walanda). Kacindekanana? Leber wawanen perlu, ngan kudu make perhitungan, ulah asal ngamuk ...... [NB. Ngamuk, hiji perilaku khas Ras Malayu. Nu kuat "melayuna", siga etnik2 di Sulawesi, etnik Madura, etnik Sasak .....kawentar tukang ngamuk teu puguh2] Baktos, WALUYA

