Teu salah oge nu heuras bales ku heuras atawa meh teu diheurasan urang kudu heuras. Ieu lumpatna kana sikep keur nu boga wawanen, sikep teu epes meer. Stereotip? Duka teuing... da kuring mah percaya "survival for the fittest". Lamun teu aya revoluasi sikep sigana urang sunda teu beda jeung urang Indian di Amrik oge Aborigin di Ostrali.
Teu kabayang? Pek ka daerah Depok didinya aya Cagar Budaya Betawi, pindahan pas na mah digusur ti Condet Pasar Minggu, leuwih ka nu singkur. Naha make cagar budaya? Da urang Betawi mah geus langka di Jakarta. Enya Gupernurna urang Betawi tapi birokrasina mah da loba urang Batak, lain urang Betawi! (hartina Ali Sadikin teu "mengkader urang Betawi/Sunda??!!!?????). Cagar Budaya Sunda?....bisa jadi kanyataan!! Jalak Pakuan Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, January 23, 2008 4:16:50 AM Subject: Re: Gede Wawanen Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, euy! oo kitu... ah punten wae atuh, si kuring nganggap akang ngacaprak. pamaca kuring ka tulisan akang samemehna mah... 'nu heuras bales ku heuras' atawa 'meh teu diheurasan urang kudu heuras'. pamanggih sikuring mah da 'jago bela diri' (atawa jago gelut kitu?) ukur salah sahiji tina sakitu reana pikeun ngandelkeun rasa percaya diri urang. ngan kuring teu percaya ku gede otot kandel urat bakal dipikasieun ku batur. sahenteuna 'dipikasieun' kahayang kuring. sakali deui hampura bisi salah macana... On Jan 23, 2008 4:26 PM, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: Kieu yeuh caritana. Baheulaaaa pisan taun 87/88an tina obrolan2 aya hiji pamadegan yen bangsa nu maju teh geuning teu leupas tina adat gede wawanen, teu sieunan. Nya dicukcruk bisa jadi kulantaran aya tradisi ngalatih "bela diri" ti leuleutik, contona Korea jeung Jepang. Atuh seler diurang aya nu geus ngawangun mitos clurit madura, rencong aceh, badik bugis jste. Jadi we seler eta teh jadi ciri gede wawanen, wanian.Ari urang sunda? gambaranana sabalikna ti seler eta. Tah harita teh keur rame kasus Badigul Rancamaya. Tina eta kasus aya rarasaan urang sunda teh lain ku someah hade ka semah tapi babari ngeper, babari diteke ku seler sejen. Harita asa jadi urang sunda belegug teu walakaya da tatar sunda sangeunahna diatur diobrak abrik batur. Nya tiharita ngageuingkeun deui urang balik nyekel penca silat, benjang jste. keur nonoman sunda. Kang Acil, Kang Hidayat Suryalaga, ngagerakeun nyieun Padepokan Silat, atuh Lises Unpad ngayakeun latihan silat. Tidinya aya harepan kahareup urang sunda boga ciri boga pasipatan gede wawanen, pede, dina kaayaan adu fisik ge moal ngeper, atuh dina sapopoena oge boga mental wani nyanghareupan tantangan... Lulus Januari 89 kuring pegat, teu ngamonitor deui. Kamari HBH di Jatinangor ge teu kungsi nempo padepokan. Hasilna duka atuh mangga we peunteun sewang-sewangan. Batu tulis dipacul, santri Aa Gym dikunclungkeun, naskah Wangsakerta wani "ditalapung"... Leuweung sanget mun aya maungna. Urang sunda diajen, "disegani" mun gede wawanena. Mangga diemutan, direnungkeun. Mun masih dianggap ngacapruk... ..nya kumaha deui. Keur mah deuih kusnet Jakarta rek latihan silat can kaudag bae yeuh. Hapunten ah. salam Jalak Pakuan Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: dudi herlianto < dudi.herlianto@ gmail.com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Tuesday, January 22, 2008 10:28:27 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu baleg, euy! sumpah kang, kuring mah teu ngarti. ari akang ngacapruk naon ieu teh? enyaan atawa heureuy? dudi On Jan 18, 2008 4:27 PM, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com > wrote: Kuduna mah urang sunda ge tukang gelut, tapi jeung batur ulah papada urang sunda. Sok inget basa murid awewe Aa Gym nu dikunclungkeun tina angkot di Cimahi ku seler sejen nu boga cap ti daerah jagoan, kuduna mah urang ge ulah basa-basi wess...hos. Mun kitu urang sunda moal dianggap tai kuku atawa teu boga wawanen... Eh. punten nyambung teu nya, ngacapruk he...he... ,___ -- d-: ~karék cénah~ ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

