Hehe. Jadi inget lalakon si Kris dina novel Epigram. Sangkan manehna
teuneung ludeung ngumbara ka eropa jeung bisa misah nu gelut di café Sevilla
jeung di rig laut norwegia, ti bandungna kacaritakeun keur leutikna kungsi
diajar silat ku mamangna. Sangkan teu aneh teuing, nya dibejakeun yen
kulawarga si kris gaduh elmu silat, warisan. Tiap anak kulawarga eta kudu
neruskeun. 

 

Sabenerna mah cenah, barudak sunda baheula kitu. Isuk2, diajar di sakola
desa, pasosore diajar ngaji di pasantren, terus peutingna, diajar silat.
Panineungan karuh. Kungsi keur leutik kitu, di lembur. Tapi ayeuna mah di
lembur geus teu aya nu ngalatih silat. Kapungkur mah Mang Indeung nu
ngalatihna. Meureun teu aya regenerasi, nu barisa geus nyaraba, jadi urang
kota. Nu di lembur ngarasa bisana teu masagi jadi teu purun nurunkeun ka
barudakna.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Jalak Pakuan
Sent: Wednesday, January 23, 2008 4:54 PM
To: [email protected]
Subject: Re: Gede Wawanen Re: [Urang Sunda] Cik atuh jadi manusa teh nu
baleg, euy!

 

Alhamdulillah sim kuring teu ngacapruk teuing nya. Nuhun kang. Sasih kamari
rek "approach" nihonjin ngalatih Kendo, supaya barudak sunda sarigep kawas
barudak jepang. Malah kebon di Cikampak daripada agrobisnis teu pararuguh
tadina rek dijieun dojo.

 

JP

 

__ 

Kirim email ke