nu kuat nu kawasa (idinan kuring ngartikeun 'survival for the fittest'
kitu)... leres kuring ge percaya, jeung sapuk pisan kana hal ieu mah. ngan
kuring mah teu ngartikeun kuat sacara sempit. kuat kuring teu ngandelkeun
otot jeung urat. eta mah ukur dijadikeun kakuatan cadangan wungkul. teu boga
ge teu nanaon. nu ngandelkeun otot jeung otak mah jaman si rawing jeung mbah
bewok van karoban keneh. kuring leuwih milih lumpat, tibatan ngaladenan nu
ngajak gelut. kuring leuwih milih popoyongkodan tibatan kudu pepedengkreng
nembong-nembongkeun kakerengan...

kuring mah leuwih percaya nu kawasa kiwari mah nu kuat dina uteuk. urang
sunda kabeh kudu palinter....

On Jan 24, 2008 8:24 AM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Teu salah oge nu heuras bales ku heuras atawa meh teu
> diheurasan urang kudu heuras. Ieu lumpatna kana sikep keur nu boga wawanen,
> sikep teu epes meer. Stereotip? Duka teuing... da kuring mah percaya
> "survival for the fittest".  Lamun teu aya revoluasi sikep sigana urang
> sunda teu beda jeung urang Indian di Amrik oge Aborigin di Ostrali.
>
> Teu kabayang? Pek ka daerah Depok didinya aya Cagar Budaya Betawi,
> pindahan pas na mah digusur ti Condet Pasar Minggu, leuwih ka nu singkur.
> Naha make cagar budaya? Da urang Betawi mah geus langka di Jakarta. Enya
> Gupernurna urang Betawi tapi birokrasina mah da loba urang Batak, lain urang
> Betawi! (hartina Ali Sadikin teu "mengkader urang Betawi/Sunda??!!!?????).
>
> Cagar Budaya Sunda?....bisa jadi kanyataan!!
>
>
> Jalak Pakuan
>
> Makarya Mawa Raharja
> ,___
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke