Kuring oge mireng wartos tadi enjing di SCTV, Gubernur
BI sareng dua padamel BI janten tersangka "kasus
aliran dana 35 milyar ka DPR atas dasar temuan BPK."
alamat "piceudeumeun" pikeun jajaran BI yeuh.
Repotna teh, Pupuhu BPK tilas Gubernur senior BI,
terang pisan seluk beluk kaayaan di BI. Atuh KPK oge
meni "segut" ngagarap kasus ieu, da nembe dibenum tea,
dina raraga "unjuk prestasi".
Urang tingali wae, kumaha tah, jalan carios saterasna.
Soalna ari perkara "setoran" ka lembaga terhormat,
dina raraga ngalancarkeun proses RUU janten UU mah,
ceuk cenah mah tos biasa. Mangga diilo kasus UU
ketenagakerjaan, pan harita oge geunjleung, aya unsur
aliran dana heunteu sah ti Depnaker kanggo para
anggota yang terhormat.
Kapungkur oge BI pan keuna kasus BLBI dugi ka
triliyunan dana dikocorkeun kanggo para pangusaha.
Atuh Gubernur BI (harita) Sudradjat Djiwandono kantos
di "meja hijau" keun. Tapi geuning salamet, tiasa
"nyingcet".
baktos,
mrachmamt uidipura
nuju ngalamun meser kurupuk 35 milyar, kumaha
ngawadahanana
--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nembe di detik aya info yen Kang BA janten tersangka
> kasus BI ku KPK...
> Taun kamari Kang Omay malah terdakwa mung ku
> pangadilan diputus bebas tina dakwaan korupsi.
> Duka kamana arah kasus BA, mung cenah eta dua
> kasus teh tumali jeung parebutan pupuhu tempat
> aranjeuna didamel. Ngeundeuk2?......wallahu alam.
>
> JP
>
> Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kamana nya Kang Darmawan Sepriyosa ?!
> biasana mun masalah Senat FEKON sok rada "ngartos",
> da anjeuna mah aktipis...
> Kang Darmawan ieu kantos janten Sekjen FEKON
> (nga-plonco uing heuheuheu)...
> ngan ayeuna rada kirang "kadangu" yeuh wartosna...
> terakhir aya wartos anjeuna teh pakait sareng "PT.
> Asia Agri"...
>
>
>
> ^_^
> Kuning FEKON'93
.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs