Hatur nuhun kang, terus terang gawe panjang konsolidasi Unpad ti jaman Pa
Himendra masih Purek III asa bet rek magol margi nu ayeuna kapilih pupuhu IKA
mah kalebet selebritis panginten.Alumni jadi kabawa ritme selebritis mun naek
milu ngetop mun tikusruk nya bisa kabawa-bawa. Riskan tapi da kitu panginten
kanyataanana. Hatur nuhun ka Kang BA sareng akang saparakanca nu tos
nembongkeun niat kanyaah ka Unpad. Maca paparan akang ngeunaan prosesna ah asa
teu bireuk cara kitu mah pan memang anjeuna mah manukna. Nya urang sami-sami
ayeuna mah ngadukung pupuhu anyar IKA Unpad ku ngarojong program nu positip
siap ngageuingkeun mun perelu mah ngarengkas mun IKA rek dibawa kana
kapentingan sejen, komo mun keur kapentingan nu pondok pakait jeung pulitik.
Insya Allah urang sadaya nyepeng "almamaterku tercinta". Keur sim kuring mah
duka iraha tetep we visi teh: Mun di Amerika aya kampus tatanggaan sarua ngetop
MIT jeung Harvard maka mun ITB jadi MIT nya Unpad kudu jadi Harvard na.
Salam
Jalak Pakuan
Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Panjang ari pidongengeun mah, engke mun tos rada salse dipedar
deui. Ari hoyong togmol mah kieu kang JP: Kang BA ngaraos teu nyaman upami
kedah kompetisi dina kondisi nu teu terkendali. Margi sistem pengerahan massa,
pendaftaran peserta, sareng verifikasi keabsahanana henteu ngajamin pencegahan
tina kalepatan atanapi kakaliruan. Henteu ari suuzhon kana kacurangan mah.
Penyiapan pengerahan pendukung mah cekap, mung tim pendukung kang BA teu yakin
kana kemampuan sareng "kawani" pihak sejen, terutami nu didukung ku organisasi
massa. Memang matak hanjelu, barang dietang hasil pemungutan suara ternyata
perkiraan jumlah pendukung kang BA lumayan tebih langkungna ti jumlah suara ka
FMB. Sim kuring neda dihapunten ka sadaya warga urangsunda nu miharep kapilihna
US dina Pilka IKA Unpad. Oge ngahaturkeun nuhun ka sadaya nu tos ngarojong BA
ti alumni Fakultas-fakultas Pertanian, Ekonomi, FMIPA, Psikologi, Kedokteran
Gigi, ISIP, IKOM sareng sajabina. Sanajan henteu resmi
ditunjuk sebagai Pimpinan Tim Sukses (da memang teu aya), tapi katingalna ku
berbagai pihak mah meureun kitu. Mangga urang candak hikmahna wae kanggo
Pilkada Jabar sareng Pemilu 2009.
Hatur nuhun
AD
----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 24, 2008 5:34:25 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
Cing punten pang jelaskeun naon atuh nu sabenerna alesan BA ngundurkeun diri
tina KOMPETISI nepi ka IKA Unpad dicekel urang SEBERANG. Punten ulah basa basi
muter2 teu pikahartoseun, tog mol to the point we lah.
Salam
JP
Makarya Mawa Raharja
----- Original Message ----
From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Friday, January 18, 2008 5:36:28 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
Hatur nuhun kanu malairan. Boh nu "miring" boh nu "ajeg". Duanana ge
mapaesan babakan, ngabeungharkeun pangaweruh. Sim kuring mah kataji ku prestasi
kerjana kang Burhan di BI. Oge ku pangaweruhna boh dina elmu ekonomi boh elmu
pertanian. Seratanana tos seueur nu diterbitkeun. Mun sasauran tara panjang
tapi munel. Matak isin peserta pertemuan nu sanes, nu sahandapeun tapi langkung
dominan. Kang Burhan nuju mupuhuan ngabangun Perpustakaan dan Multimedia Center
di kampus Jatinangor. Tong bujeng-bujeng Gubernur BI-na, dalah nuju sakola di
Amrik ge kapungkur petugas belajar ti BI mah, jaba ti punjul dina tunjangan bea
siswana oge seueur fasilitas tambahanana: sewa rumah, asuransi, ongkos angkut
barang dina mulangna ka lemah cai sareng sajabina. Memang matak pikasirikeun,
tapi da moal ari daek tukeur nasib mah. Nu katampi ayeuna ge tos
mangpirang-pirang. Alhamdulillah.
Baktos
A. Dimyati
----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Friday, January 18, 2008 4:57:26 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
Fasilitas BI mah top lah sataun gajihna 18 kali plus..plus.. .plus....
fasilitas2. Benten padamel nagreg mah cekap 13 kali bari nu ka 13 (merekna THR
tea) teh sarua jeung nu ti 1-12 nu sabenerna jauuuh pisan ti standar BI. Tapi
pan teu babari jadi padamel BI mah pan biasana BI mah ngarekrut nu di ranking
top ti sakola top! Jadi memang teu kudu sirik malah ceuk kuring mah BI nu kudu
jadi conto, nu lain kudu ngudag supaya sabeusi sawaja.
Tah kulantaran kandidat teh ti BI nu pastina boga ranking top ti sakola top
(nu lain teu kudu komentar he..he...) jadi sigana mah "fit & proper". Mun
kapilih jadi pupuhu IKA Unpad, Gupernur BI nu oge pupuhu Ikatan Sarjana
Ekonomi Indonesia (ISEI) asana moal diragukeun mere kontribusi nu munel boh ka
Unpad oge urang sunda umumna, minimal dina ngaronjatkeun urang sunda diwidang
ekonomi & pertanian.
Sabenerna aya oge calon lain nu kapetakeun nyeta Sugeng Saryadi, tapi meureun
kulantaran ti Pekalongan jadi sok isinan, dusunan, ngaku alumni ge siga teu
wani he....he.... .Ngan hadena mun aya kempelan alumni di Jakarta anjeuna sok
jadi sohibul beit di Four Seasons.
Hiji deui IKA Unpad teh can boga gedong sekretariat di Jakarta....kumaha tah
kandidat sangem kitu ngadegkeun sekretariat?
salam
Jalak Pakuan
alumni Lises Unpad, tukang takol goong jeung bonang
Makarya Mawa Raharja
----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Friday, January 18, 2008 12:31:06 AM
Subject: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
Kuring nuju resep "nyanyi" migunakeun nada-nada
"miring". Ceuk cenah nada anu dinaekkeun atanapi
diturunkeun 1/2 nada teh, pamanis hiji lagu.
Janten hapunten, upami "kawih" si kuring rada fals.
Di Endonesia, ayeuna standar gaji PNS anu pang
ageungna, nya padamel BI, anu ngurus paduitan
nagara(ceuk kang Tirta). aya batur kuring sami-sami
masantren di masigit Salman, janten salah sahiji
direktur senior BI. Kapungkur kantos pendak di Lombok,
anjeunna tugas di Mataram, kuring janten "kuli" di
hiji LSM asing (Kanada) di Mataram. Tatangga sapalih
bumi kuring, damel di BI. Ceuk cenah, upama tos
ditampi damel BI, urang teh cekap ngajinjing hiji
koper sareng ngagandeng istri. Bumi sareng parabotan
eusina disayagikeun ku BI.
aya dongeng salah sawios rerencangan anu ditampi
janten padamel BI, tugasna nyayogikeun katuangan
sadidinten Gubernur BI. Saurna teh cenah, waragad
kanggo tuangna 2 juta sadintenna. (bandingkeun sareng
"uang makan" gupernur Jawa Barat anu dianggarkeun di
APBDna mung 300 rebu sadinten. kantos di postingkeun
di milis ieu sababaraha taun kapengker).
BI teh hiji lembaga anu independen anu ngatur moneter,
teu aya katergantungan ka pamarentahan, pan diatur
nyalira dina hiji undang-undang BI. Tapi kumargi
independen tea, jadi sarwa rahasia. Kawenangan BI
diantawisna nyaeta nangtoskeun rezim nilai tukar
(rupiah), mengambang terkendali (managed floating)
atanapi rezim nilai tukar mengambang bebas (free
float).
Jigana karakter BI, tos janten ngadarah daging ka Pa
Burhanuddin Abdullah (alumni Michigan State
University, benten sareng Michigan University).
Untungna, mudah-mudahan atuh standar kasejahteraan BI
dilarapkeun ka IKA Unpad sareng ka Unpad. Rugelna,
sipat-sipat sarwa rahasia tong dicacandak ka
lingkungan akademis.
baktos,
mrachmat uidipura
can ngaraosan rezim komo deui rajam
--- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com> wroae:
> Assalamu'alaikum wr wb.
> Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar
> acara Musyawarah Besar dan Reuni Akbar Ikatan
> Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus
> Dipati Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan
> Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 20 Januari di
> Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung,
> "one person one vote". Sim kuring salaku Ketua
> Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong ku para
> inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun
> kang Burhanuddin Abdullah, Gubernur Bank Indonesia,
> nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), nu oge
> alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA
> Unpad periode 2008-2011. Anjeuna tos kersaeun.
> Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu kedah
> diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na.
> Sanes tuturut munding ka IA ITB nu milih Hatta
> Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring
> saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung
> ku IKA Unpad pikeun ngaronjatkeun peran jeung
> sumbangan Unpad lan IKA
> Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara.
> Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu
> babakan sim kuring umajak mangga sumping sareng
> pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20
> JANUARI 2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami
> bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna mangga
> sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan
> wungkul panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos
> pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur
> nuhun.
>
> Baktos,
> Ahmad Dimyati
> NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara
> nu can anggeus, kedele sareng sajabina ti eta
> ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.
>.
____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. search.yahoo. com/newsearch/
category. php?category= shopping
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
now.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.