hehehe. jigana jadi leuwih tandes we, nu salila ieu mindeng diadurenyomkeun di milis teh, karakter "komeok memeh dipacok", "single fighter, teu boga tim sukses nu solid", jeung karakter "elehan" lainna.
salam, mh On 1/25/08, Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Panjang ari pidongengeun mah, engke mun tos rada salse dipedar deui. Ari > hoyong togmol mah kieu kang JP: Kang BA ngaraos teu nyaman upami kedah > kompetisi dina kondisi nu teu terkendali. Margi sistem pengerahan massa, > pendaftaran peserta, sareng verifikasi keabsahanana henteu ngajamin > pencegahan tina kalepatan atanapi kakaliruan. Henteu ari suuzhon kana > kacurangan mah. Penyiapan pengerahan pendukung mah cekap, mung tim pendukung > kang BA teu yakin kana kemampuan sareng "kawani" pihak sejen, terutami nu > didukung ku organisasi massa. Memang matak hanjelu, barang dietang hasil > pemungutan suara ternyata perkiraan jumlah pendukung kang BA lumayan tebih > langkungna ti jumlah suara ka FMB. Sim kuring neda dihapunten ka sadaya > warga urangsunda nu miharep kapilihna US dina Pilka IKA Unpad. Oge > ngahaturkeun nuhun ka sadaya nu tos ngarojong BA ti alumni Fakultas-fakultas > Pertanian, Ekonomi, FMIPA, Psikologi, Kedokteran Gigi, ISIP, IKOM sareng > sajabina. Sanajan henteu resmi ditunjuk sebagai Pimpinan Tim Sukses (da > memang teu aya), tapi katingalna ku berbagai pihak mah meureun kitu. Mangga > urang candak hikmahna wae kanggo Pilkada Jabar sareng Pemilu 2009. > > Hatur nuhun > AD > ----- Original Message ---- > From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Thursday, January 24, 2008 5:34:25 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI > > Cing punten pang jelaskeun naon atuh nu sabenerna alesan BA ngundurkeun > diri tina KOMPETISI nepi ka IKA Unpad dicekel urang SEBERANG. Punten ulah > basa basi muter2 teu pikahartoseun, tog mol to the point we lah. > > Salam > JP > > Makarya Mawa Raharja > > > ----- Original Message ---- > From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Friday, January 18, 2008 5:36:28 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI > > Hatur nuhun kanu malairan. Boh nu "miring" boh nu "ajeg". Duanana ge > mapaesan babakan, ngabeungharkeun pangaweruh. Sim kuring mah kataji ku > prestasi kerjana kang Burhan di BI. Oge ku pangaweruhna boh dina elmu > ekonomi boh elmu pertanian. Seratanana tos seueur nu diterbitkeun. Mun > sasauran tara panjang tapi munel. Matak isin peserta pertemuan nu sanes, nu > sahandapeun tapi langkung dominan. Kang Burhan nuju mupuhuan ngabangun > Perpustakaan dan Multimedia Center di kampus Jatinangor. Tong bujeng-bujeng > Gubernur BI-na, dalah nuju sakola di Amrik ge kapungkur petugas belajar ti > BI mah, jaba ti punjul dina tunjangan bea siswana oge seueur fasilitas > tambahanana: sewa rumah, asuransi, ongkos angkut barang dina mulangna ka > lemah cai sareng sajabina. Memang matak pikasirikeun, tapi da moal ari daek > tukeur nasib mah. Nu katampi ayeuna ge tos mangpirang-pirang. Alhamdulillah. > > Baktos > A. Dimyati > > ----- Original Message ---- > From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Friday, January 18, 2008 4:57:26 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI > > Fasilitas BI mah top lah sataun gajihna 18 kali plus..plus.. .plus.... > fasilitas2. Benten padamel nagreg mah cekap 13 kali bari nu ka 13 (merekna > THR tea) teh sarua jeung nu ti 1-12 nu sabenerna jauuuh pisan ti standar BI. > Tapi pan teu babari jadi padamel BI mah pan biasana BI mah ngarekrut nu di > ranking top ti sakola top! Jadi memang teu kudu sirik malah ceuk kuring mah > BI nu kudu jadi conto, nu lain kudu ngudag supaya sabeusi sawaja. > > Tah kulantaran kandidat teh ti BI nu pastina boga ranking top ti sakola > top (nu lain teu kudu komentar he..he...) jadi sigana mah "fit & proper". > Mun kapilih jadi pupuhu IKA Unpad, Gupernur BI nu oge pupuhu Ikatan Sarjana > Ekonomi Indonesia (ISEI) asana moal diragukeun mere kontribusi nu munel boh > ka Unpad oge urang sunda umumna, minimal dina ngaronjatkeun urang sunda > diwidang ekonomi & pertanian. > > Sabenerna aya oge calon lain nu kapetakeun nyeta Sugeng Saryadi, tapi > meureun kulantaran ti Pekalongan jadi sok isinan, dusunan, ngaku alumni > ge siga teu wani he....he.... .Ngan hadena mun aya kempelan alumni di > Jakarta anjeuna sok jadi sohibul beit di Four Seasons. > > Hiji deui IKA Unpad teh can boga gedong sekretariat di Jakarta....kumaha > tah kandidat sangem kitu ngadegkeun sekretariat? > > salam > Jalak Pakuan > alumni Lises Unpad, tukang takol goong jeung bonang > > Makarya Mawa Raharja > > > ----- Original Message ---- > From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Friday, January 18, 2008 12:31:06 AM > Subject: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI > > Kuring nuju resep "nyanyi" migunakeun nada-nada > "miring". Ceuk cenah nada anu dinaekkeun atanapi > diturunkeun 1/2 nada teh, pamanis hiji lagu. > Janten hapunten, upami "kawih" si kuring rada fals. > > Di Endonesia, ayeuna standar gaji PNS anu pang > ageungna, nya padamel BI, anu ngurus paduitan > nagara(ceuk kang Tirta). aya batur kuring sami-sami > masantren di masigit Salman, janten salah sahiji > direktur senior BI. Kapungkur kantos pendak di Lombok, > anjeunna tugas di Mataram, kuring janten "kuli" di > hiji LSM asing (Kanada) di Mataram. Tatangga sapalih > bumi kuring, damel di BI. Ceuk cenah, upama tos > ditampi damel BI, urang teh cekap ngajinjing hiji > koper sareng ngagandeng istri. Bumi sareng parabotan > eusina disayagikeun ku BI. > aya dongeng salah sawios rerencangan anu ditampi > janten padamel BI, tugasna nyayogikeun katuangan > sadidinten Gubernur BI. Saurna teh cenah, waragad > kanggo tuangna 2 juta sadintenna. (bandingkeun sareng > "uang makan" gupernur Jawa Barat anu dianggarkeun di > APBDna mung 300 rebu sadinten. kantos di postingkeun > di milis ieu sababaraha taun kapengker). > > BI teh hiji lembaga anu independen anu ngatur moneter, > teu aya katergantungan ka pamarentahan, pan diatur > nyalira dina hiji undang-undang BI. Tapi kumargi > independen tea, jadi sarwa rahasia. Kawenangan BI > diantawisna nyaeta nangtoskeun rezim nilai tukar > (rupiah), mengambang terkendali (managed floating) > atanapi rezim nilai tukar mengambang bebas (free > float). > > Jigana karakter BI, tos janten ngadarah daging ka Pa > Burhanuddin Abdullah (alumni Michigan State > University, benten sareng Michigan University). > Untungna, mudah-mudahan atuh standar kasejahteraan BI > dilarapkeun ka IKA Unpad sareng ka Unpad. Rugelna, > sipat-sipat sarwa rahasia tong dicacandak ka > lingkungan akademis. > > baktos, > > mrachmat uidipura > can ngaraosan rezim komo deui rajam > > --- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com <a_dimyathi%40yahoo.com>> wroae: > > > Assalamu'alaikum wr wb. > > Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar > > acara Musyawarah Besar dan Reuni Akbar Ikatan > > Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus > > Dipati Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan > > Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 20 Januari di > > Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung, > > "one person one vote". Sim kuring salaku Ketua > > Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong ku para > > inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun > > kang Burhanuddin Abdullah, Gubernur Bank Indonesia, > > nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), nu oge > > alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA > > Unpad periode 2008-2011. Anjeuna tos kersaeun. > > Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu kedah > > diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na. > > Sanes tuturut munding ka IA ITB nu milih Hatta > > Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring > > saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung > > ku IKA Unpad pikeun ngaronjatkeun peran jeung > > sumbangan Unpad lan IKA > > Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara. > > Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu > > babakan sim kuring umajak mangga sumping sareng > > pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20 > > JANUARI 2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami > > bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna mangga > > sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan > > wungkul panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos > > pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur > > nuhun. > > > > Baktos, > > Ahmad Dimyati > > NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara > > nu can anggeus, kedele sareng sajabina ti eta > > ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse. > >. > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ > Looking for last minute shopping deals? > Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. search.yahoo. > com/newsearch/ category. php?category= > shopping<http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping> > > > ------------------------------ > Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it > now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ%20> > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger . > yahoo.com > > > ------------------------------ > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping> > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > > >

