He...he....leres kang Bowo eta teh masalah sensitif
JP
(emut baheula keur di BPPN)
Hari Wibowo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aya abdi mang Je,
aya naon yeuh? Aya proyek kanggo pabukon di Banjar?
Insya Allah, abdi ngiring mang . . . asal dibejaan we nya
Oh perkara gajih di BI, Alhamdulillah cekap lah kang
Aya urang senior BI (tos pangsiun) ngomong; urang BI, mun nepi ka pangsiun
teu munggah haji, teu boga mobil/kandaraan atawa imah. Eta gajih jeung bonus
dikamanakeun. Kitu ceunah . . . heu heu heu
Tapi nya kitu balik deui kana kabiasaan urang, aya nu sok poya-poya aya oge
nu biasa/sederhana
Gajih di BI naek basa keur jamanna gubernur Adrius Mooy.
Saencana masih make skala gajih leutik ( mun teu salah harita sarua jeung
Pertamina)
Punten yeuh mung sakitu nu bisa dipedar
(aya beja ngomongkeun gajih teh sensitif)
Wassalam
Bowieurangjawanulamidiprianganwetan
---------------------------------
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of mj
Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
kamana kang Bowie nya? padamel BI tah. sok rajin transfer kanggo yp, tapi
khusus pikeun meseran buku pabukon Banjar. sabab manehna keur leutik di Banjar.
Hari Wibowo, urang wetan tapi keur leutik di Banjar, jadi milu nineung ka tatar
sunda jeung geus ngarasa jadi US. hade oge mun kang Bowie milu ngeuyeuban
perkara gajih di BI.
soal urang BI no 1 mah, kungsi jadi eusi rubrik urang sunda majalah Cupumanik,
beunang si kuring. Kang Burhan kaitung asgar sajati. basa papandayan bitu deui,
milu ngumpulkeun dana jeung nyumbang pikeun pengungsi. jeung nu penting anjeuna
noong US teu kudu minder atawa ngarasa minoritas sagala. ngajak maju, ku cara
jeung kabisa masing2.
soal gajihna mah mangga we, da si kuring mah pagawe yayasan atikan
nu rek dibejakeun mah keur puasa kamari jadi rada mindeng ka BI di Thamrin.
hayang muji kana gedongna nu ngajajar jarangkung make granit. tapi teu kedal,
malah ngahanjakalkeun, desainna loba teuing detil (unak anik) nu teu perlu,
jadi kurang monumental. masjidna hade.
--
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com
---------------------------------
**
---------------------------------
This e-mail (including any attachments) is intended solely for the addressee
and could contain information that is confidential; If you are not the intended
recipient, you are hereby notified that any use, disclosure, copying or
dissemination of this e-mail and any attachment is strictly prohibited and you
should immediately delete it. This message does not necessarily reflect the
views of Bank Indonesia. Although this e-mail has been checked for computer
viruses, Bank Indonesia accepts no liability for any damage caused by any virus
and any malicious code transmitted by this e-mail. Therefore, the recipient
should check again for the risk of viruses, malicious codes, etc as a result of
e-mail transmission through Internet
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.