> From: H Surtiwa > Lah tong sieun disebat itu ieu..bebas..wae..tulis anu aya dina hate...Mun > aya nu nuduh nulis Soeharto pro Soehato..nulis > Mao Zedong...nulis Condoliza Rice pro Condoliza Rice...wah...komentator > kedah nyirekem mikiran kumaha komentarna > kanggo anu nulis Sajarahnya...nyerat saha wae tea...kolumnis nyerat saha > wae.....
Leres Bah, sabab keur sabagian jalma Pa Harto teh gaduh jasa, boh langsung atawa teu langsung, siga warta dina PR kamari, kumaha Bah Omo, peternak sapi di Pangalengan, ngarasa boga "hutang budi" ka Pak Harto. Atuh keur sabagean jalma Pak Harto teh malah ngagalasak, ngarusak boh nasib pribadina atawa boh nasib nagara. Aranna ge pamimpin, pasti aya nu pro jeung kontra .... Kuring boga kapi Aki, nu "satia" wae ka Bung Karno, saumur-umur. Ceuk dongeng anjeunna, kulantaran kungsi sasalaman jeung BK di stasiun Bandung, waktu BK arek dibuang kaluar Bandung. Anjeunna nempel gambar BK di imahna. Waktu BK lungsur (1967), terus sagala gambar BK kudu diturunkeun, anjeunna keukeuh nolak. Alesanna tetep, kulantaran kungsi sasalaman. Nu nitah nurunkeun, tungtungna taak, nya diantep we, ngamaklum meureun, da kapi aki teh tukang tani, buta huruf, teu ngarti politik. Tapi Kapi aki akhirna "kompromi" oge, anjeunna masang oge Gambar Pak Harto nu sarua gedena gendengeun gambar BK ..... Kapi Aki teh wafat di jaman Pak Harto kawasa keneh di awal taun 1990'an, waktu kuring ngalongok layonna, Gambar BK (foto hideung-bodas) nu keur nyepeng kertas (?) angger masih ngagantung di imahna, ngan gambar Pak Harto teu aya, duka dikamanakeun ..... [Panineungan ka kapi Aki, nu sawahna di sisi jalan saencan Cimalaka Sumedang, ti arah Bandung, ayeuna jadi gedong sigrong siga karaton, di cet koneng, dipager luhur, duka kagungan saha, ngan sigana mah kagungan gegeden atawa nu seueur artos] Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

