ngiring ngarewong ... kuncen wikipedia sunda nu aya kiwari, dina ngeusian wikipedia, gumantung kana karesep, sapertos kang asep ngeunaan IT, kang MSetiadi ngeunaan Korea, oge nu sanesna.
baktos, budhi kurono kopo 241 On 2/4/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nuhun kana pangrojong sareng usulan salira... Ke ku abdi bade didugikeun > ka riungan kontributor kumaha kamungkinan2ana. Perkawis ngadukung mulok > atanapi pangajaran di sakola, kedah diperenahkeun heula di mana pasna. Anu > kaerong ku abdi mah, upami kedah aya format atanapi rarancang husus anu > benten ti nu tos galib, kedah disawalakeun heula naon anu dipikahoyong > ti--sebat bae--pihak sakola. Upami tos jelas kumaha2na, nembe ditimbang2 > deui naha ku masarakat wiki ayeuna tiasa kabadanan atanapi henteu. Margi, > sanes nanaon, kikituan teh pan ladang salingkuh tea... heuheu... Janten, anu > eta mah tiasa disebat proyek husus di jero salahsahiji wiki. Lajeng, kumargi > sigana dina leresan ieu mah jejerna tangtos diwates, jadi 'produk'na henteu > seueur teuing, sigana langkung sae upami ngalangkungan deui proses editing > anu kamari disabit sakedik ku Ceu Etty RS. > > Sakitu heula panginten. Teh Herni kumaha yeuh kamandang salira? Kamari > kabujeng seepeun waktos yeuh... > > On 2/4/08, Jalak Pakuan wrote: > > > > Kang Kumi hatur nuhun masihan gambaran ngeunaan Wikipedia. Kang Kumi > > naha arahna tiasa henteu nya janten ngawujudkeun Wikipedia Sunda Outlook > > 2008 nu eusina agenda, progress, hanca gawe Wikipedia supaya kageatan 2008 > > tiasa langkung fokus. Ti dinya asana mah para wargi babari noong, ngabantu > > pami aya nu bade ngayakeun kolaborasi oge ngaleungitkeun kamungkinan > > duplikasi gawe. Saterasne panginten ngawujudkeun sisi babari make > > (fungsional) sapertos fungsina ngadukung mulok dina kurikulum pangajaran di > > Bodetabek. > > > > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > > > -- Budhi Setiawan e-mail: [EMAIL PROTECTED] web: http://budhisetiawan.net/

